Ku: Ridhazia
MUN henteu unik, lain Bandung ngaranna. Malah bisa jadi hiji-hijina kota di sakuliah dunya anu méré ngaran gang—nyaéta jalan leutik di pelosok kota—maké ngaran mérek mobil jeung motor kawentar sadunya.
Gang anu dimaksud ayana di Jalan Sukabumi Dalam. Leuwih jéntréna, di hiji perkampungan anu padumukna kacida padetna, di Kalurahan Kacapiring, Kacamatan Batununggal.
Gang Mercedes Benz
Sababaraha mérek mobil populér dijadikeun ngaran gang, di antarana Gang Mercedes, Gang Opel, Gang FIAT, jeung Gang Morris. Ari ngaran gang nu maké mérek motor, aya Gang Harley Davidson, Gang Honda, Gang Suzuki, jeung Gang Lambretta.
Can kanyahoan saha tokoh anu aya di balik inisiatif anu langka pisan ieu. *
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.


































Comments