Ku: Ridhazia
Hiji média digital nu dingaranan SundaNews.id kakara borojol medal. Ti mimiti ayeuna nepi ka 30 poé ka hareup média anyar ieu téh rék dicoba jeung diwanohkeun ka masarakat, utamana mah di Indonesia.
Média massa digital kasundaan ieu téh diparajian ku para tokoh Sunda anu miboga kanyaah ka budaya Sunda. Di antarana aya ngaran-ngaran anu teu bireuk deui dina dunya jurnalistik jeung penerbitan media massa mah, nyaéta Karno Kartadibrata, AS Haris Sumadiria, Darajat Wibawa jeung Askurifai Baksin.
Sapamanggih kuring, ngaran-ngaran para ais pangampih eta téh lain sasaha tapi mantan jurnalis anu miboga pangalaman panjang dina widang média cetak di Bandung ti 40 taun ka tukang. Ku kituna, kuring yakin yén média digital anyar ieu baris dikokolakeun diroris dipapaes sacara profésional.
Borojolna média digital anyarl ieu téh mangrupa léngkah anu hadé pikeun miara, ngaronjatkeun, tur ngamumule kabudayaan Sunda. Ieu téh ciren yén urang Sunda masih tetep ngahargaan jeung ngajaga warisan karuhun.
Naon waé ngaranna, saha waé anu ngagagasna, éta kabeh bakal jadi parabot pikeun ngamekarkeun jeung ngalestarikeun kabudayaan Sunda.
Numutkeun Ketua PDPBS Unpad Prof. Ganjar Kurnia, loba pisan média massa basa Sunda tayohna mah anu geus bangkar. Ieu téh tangtu karugian nu kacida gedena pikeun urang Sunda mah.
Ku kituna, medalna SundaNews.id ieu kudu dibageakeun kalayan dipikareueus, sabab ieu téh wujud salah sahiji cara pikeun ngajaga jeung ngamekarkeun kabudayaan Sunda.
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurnalis tur kolumnis, paniten psikologi tur komunikasi sosial politik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.
Comments