Ku: Ridhazia
DAUN pisang alias daun cau nu biasa dipaké pikeun ngabungkus sangu uduk jeung pepes di Indonesia ayeuna dipikaresep ku warga Amérika, Inggris, jeung Jepang.
Di nagara maju jeung modéren éta, daun cau dipilih jadi simbol gaya hirup anu ramah lingkungan, ngagantikeun kertas atawa piring méwah.
Salian jadi élemén hiasan dina acara kawinan, daun pcau ogé dipaké di sababaraha réstoran anu boga téma tropis, nepi ka festival budaya di Éropa jeung Amérika.
Di sababaraha réstoran, daun cau dipaké jadi bungkusan dahareun higienis ngagantikeun piranti makan méwah.
Kasinambungan (sustainability)
Tren daun cau ieu condong terus ningkat di pasar global, utamana di nagara-nagara anu ngedalkeun konsép kasinambungan (sustainability), nyaéta usaha pikeun miara sumber daya alam jeung ékosistem pikeun generasi kahareup.
Hargana: Wow!
Di pasar internasional, harga daun cau matak pikareuwaseun. Di Amérika Sarikat jeung Inggris, hargana antara US$3,50 nepi ka US$5,00 per gagang, atawa sakitar Rp78.000 nepi ka Rp80.000 per lambar (kurs US$1 = Rp15.690).
Di Jepang, hiji lambar daun cau dibanderol 1.980-2.280 Yen (Rp278 rébu-Rp321 rébu). Lamun pakét 3 lambar hargana 3.700 Yen (Rp521 rébu) jeung pakét 5 lambar hargana 5.700 Yen (Rp803 rébu). *
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.




































Comments