Ku: Ridhazia
PRESIDEN Donald Trump diduga ngalaman gangguan narsisisme ganas (malignant narcissism).
Sanajan can kungsi aya diagnosis resmi, gangguan kapribadian narsistik atawa Narcissistic Personality Disorder (NPD) nu disangka aya dina diri Trump katempo dina paripolah sapopoéna anu sok hayang dipuji jeung dipikagum ku batur.
Paripolah impulsif présidén éta sering digambarkeun ku lampah anu spontan sarta remen ngagurutu. Manehna ogé jarang nahan diri pikeun ngadalikeun émosi anu mindeng mucunghul sacara ekstrim.
Spekulasi séjén nyebutkeun aya kamungkinan Trump ngalaman delusi, sipat impulsif, nepi ka kecenderungan sadisme.
Pamohong Patologis
Sababaraha ahli kaséhatan jiwa di United States ogé ngaidentifikasi Trump minangka pamohong patologis (pathological liar atawa mitomania), nyaéta individu anu miboga kabiasaan kronis ngabohong sacara kompulsif.
Numutkeun laporan The Washington Post, lalaki anu kawentar ku buuk pirang éta disebut-sebut geus nyieun 30.573 klaim palsu atawa nyasabkeun salila opat taun mangsa jabatanna minangka présidén.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.


































Comments