Kolom Sosial Politik

Naon Sababna Reoublik Islam Iran Kuat?

0

 

Ku: Ridhazia

SAKITU  kuatna nagara Républik Islam Iran. Padahal nagri para mullah éta aya dina tekenan embargo ékonomi jeung militér ti dunya internasional. Ditambah deui ku kaayaan pulitik di jero nagri anu terus karasa gejolakna.

Ti mimiti Désémber 2025, majalah Time, Euronews, jeung Al-Monitor ngalaporkeun rupa-rupa prédiksi yén Iran bakal ngalaman ragragna ékonomi. Tapi kanyataanna nepi ka kiwari Iran masih kénéh mampuh nangtung jeung bertahan.

Dua Alesan

Narges Bajoghli jeung réncang-réncangna (2024) dina buku How Sanctions Work: Iran and the Impact of Economic Warfare ngajelaskeun yén sanksi anu ditibankeun ka Iran malah ngajadikeun nagara éta beuki kuat.

Sarua kitu ceuk sajarawan Pierre Briant dina karyana From Cyrus to Alexander, yén kakawasaan Karajaan Persia téh henteu diwangun ku panaklukan wungkul, tapi ku kawani.

Frasa “beleaguered but not bowed” sacara filosofis nempatkeun Iran minangka hiji nagara anu henteu gampang nyerah sanajan diteken ku rupa-rupa sanksi, ancaman, jeung tekanan éksternal.

Imperium Kahiji

Iran diwangun dumasar kana DNA Persia salaku imperium kahiji di dunya, nyaéta Kakaisaran Akhemeniyah anu diadegkeun ku Koresh Agung (Cyrus the Great) dina abad ka-6 saméméh Masehi.

Warisan genetik anu unik ieu jadi inspirasi kuat yén Iran lain nagara “kaléng-kaléng”, tapi kungsi jadi pangawasa panggedéna kahiji di dunya, anu kakawasaanana ngawengku leuwih ti 40 persén populasi dunya harita.

Pulitik Syiah: Hibrida!

Pulitik Syiah, hususna interpretasi anu dimekarkeun ku Ayatollah Ruhollah Khomeini, ngawangun konsép teokrasi “hibrida” anu ngahijikeun unsur démokrasi jeung teokrasi.

Sanajan aya lembaga-lembaga anu dipilih langsung ku rahayat saperti présidén jeung parlemén, kakawasaan pangluhurna tetep aya dina panangan Pamingpin Pangluhurna anu dipilih ku Majelis Ahli (Assembly of Experts), hiji badan anu diwangun ku para ulama.

Tiori Syiah ogé nolak legitimasi panguasa anu teu dumasar kana agama—saperti dina konsép Velayat-e Faqih—nu netelakeun yén kadaulatan pangluhurna téh kagungan Allah, sarta palaksanaanana di dunya dipercayakeun ka Pamingpin Pangluhurna anu mangrupa ahli hukum Syiah. *

 * Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.