Ku: Ridhazia
MANGLE “disalametkeun” tina punah ku Puseur Kabudayaan Sunda Unpad pikeun ngajamin yén majalah basa Sunda nu umurna geus 68 taun ieu teh bisa neruskeun penerbitanana.
Leuwih ti éta, Mangle geus jadi bagian anu henteu kapisahkeun tina kabeungharan kabudayaan literasi Sunda pangkolotna. Mangle mimiti medal taun 1957 di Bogor.
Relasi Emosional
Moment akuisisi Mangle ku Unpad ti tanggal 20 Méi 2025 oge miboga hubungan émosional, sabab salah sahiji pangadeg Mangle nyaéta Sukanda Kartasasmita, nu ogé ramana Rektor Unpad ayeuna, Prof. Arief S. Kartasasmita.
Salian ti éta, akuisisi ieu oge dibarengan ku kapilihna budayawan Sunda, Prof. Ganjar Kurnia, nu ogé kungsi janten Rektor Unpad, salaku Kapala Puseur Kabudayaan Sunda Unpad.
Kasajarahan
Kasajarahan Mangle dimimitian di Bogor, Jawa Barat. Mimiti medal tanggal 21 Oktober 1957 di Bogor.
Kecap “mangle” dicokot tina basa Sunda nu hartina “ranggeuyan kembang” atawa untaian kembang. Edisi munggaranna dicitak 500 éksémplar sarta dibagikeun gratis.
Majalah Mangle medal sakali sabulan dina taun 1957–1965, tuluy robah jadi mingguan ti taun 1965 nepi ka ayeuna.
Anu kaasup kana jajaran pangadeg Mangle di antarana: Oeton Moechtar, Rochamina Sudarmika, Wahyu Wibisana, Saleh Danasasmita, Sukanda Kartasasmita, Utay Muchtar, jeung Alibasah Kartapranata.
Robah Rupa
Majalah Mangle vérsi anyar medal dina wangun cetak, henteu dina média digital mayar. Tapi aya robahan nu kacida katingalina dina kaper perdana bulan Méi 2025, sabab geus teu némbongkeun deui sosok wanoja.
Robahan Mangle ogé béda pisan tina visi jeung misi munggaran — nu tadina hampang jeung meh medok sastra — ayeuna jadi majalah kabudayaan jeung élmu pangaweruh ngeunaan budaya kalayan eusina nu leuwih ilmiah jeung pinunjul (berbobot).*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.


































Comments