Ku: Ridhazia
Komika Pandji Pragiwaksono jadi viral di Tatar Sunda sanggeus nyindiran kacenderungan warga Tatar Sunda anu sok milih pamingpin dumasar kana popularitas.
Éta hal ditepikeun dina pintonan Mens Rea anu dirilis ku Netflix ti bulan Désémber 2025.
Aya Benerna
Urang Sunda ogé nyaho yén omongan Pandji téh aya benerna. Tapi éta mah lain ngan kajadian di Jawa Barat wungkul, ceng!. Geus lumaku sacara nasional, malah geus jadi kacenderungan global.
Popularitas dina pulitik téh sabenerna ngan ukur léngkah awal. Tahapan mimiti pikeun ngenalkeun tokoh wungkul. Saukur nambahan kasohoran ngaran tokoh pulitik di rohangan publik anu kabuka.
Sarta urang Sunda ogé ngartos, sanajan tokoh pulitik téh populer, teu otomatis jadi magnet anu bisa narik sora dukungan pikeun partéy atawa koalisi pulitik.
Nya ti dieu kénéh, pernyataan Pandji anu tadina nyebutkeun yén urang Sunda milih pamingpin lantaran popularitas jadi teu relevan. Anjeunna mimiti ngaluarkeun kritik anu teu dumasar alesan, alias karangan bébas pikeun ngadiskreditkeun.
Sabab popularitas dina ahirna teu ngajamin kameunangan lamun can dirobah jadi éléktabilitas — tina kecap elect anu hartina kamampuhan pikeun dipilih — ngaliwatan kontéstasi pamilihan.
Mimiti Bosen
Sumawona urang Sunda ayeuna mah geus mimiti bosen ku politisi anu ukur ngajual citra wungkul.
Tuntutan urang Sunda kiwari nyaéta kapribadian anu asli (authenticity) jeung kamampuhan pamingpin daérah anu bisa ngaréngsékeun pasualan (problem solving).
Teu deui ngan saukur personal branding anu digosok-gosok, tapi personal branding anu miboga reputasi diri anu hadé.
Saha Sih Pandji?
Pandji téh boga getih Jawa (Kebumen) jeung Sumatra (Pagar Alam), lahir di Singapura, gedé di Jakarta, sarta kungsi kuliah di ITB Bandung.
Ngaran anjeunna jadi populer lantaran mindeng mintonkeun diri minangka komika dina média télévisi bari sok ngangkat isu sosial, pulitik, jeung budaya populer.
Kalawan gaya hasna, lalaki sirah gundul ieu sok nampilkeun campuran observasi, kritik sosial, jeung storytelling pribadi.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.





































Comments