Kolom Sosial Politik

Kontrol Diri, Gus!

0

 Ku: Ridhazia

Kontrol diri ilaharna mangrupa kamampuhan pikeun ngaréspon jeung ngartikeun kaayaan ku cara  sikep tenang  jeung bijaksana.

Fokus kana hal-hal anu tiasa dikendalikeun, saperti pikiran jeung tindakan. Henteu ngalebar  ngaleuwihan wates anu di luar kendali. Pahami kaayaan sarta  pangaruhna kana pikiran jeung ketenangan.

Dina studi psikologi kaguar kunaon batur teu tiasa ngontrol diri téh kusabab henteu tiasa ngendalikeun kahayang atawa  kapentingan diri sorangan. Saeutikna  sikep nu leuwih punjul dina  ngajaga kapentingan ego. Leuwih jauh ti rasa empati ka batur. Malah  kaleungitan rasa kamanusaan.

Diajar ti Gus Miftah

Masarakat bisa  diajar tnai kajadian Gus Miftah anu tayohna jadi  viral kusabab pernyataan manehna  anu dianggap kasar ka tukang és dina hiji acara tabligh akbar sawatara waktu katukang.

Utusan Présidén Prabowo ieu teh langsung  ngebrehkeun klarifikasi sarta  menta dihampura sanggeus masarakat nganggap ucapan  manehna henteu nunjukeun sikep sabage tokoh agama anu kudu dijadikeun panutan.

Padahal sajatina tokoh agama Islam nu ngalakukeun kontrol diri teh  disebut mujahadah an-nafs, hartina usaha pikeun ngadalikeun hawa nafsu, émosi, jeung hal-hal séjén anu ujung-ujungna  bisa  mawa mudarat.

Mikirkeun résiko jeung akibat tina unggal lampah,  kudu nganut prinsip sabar sarta henteu buru-buru  atawa getas hareupaten dina nyieun hiji pernyataan pikeun balarea.Sok komo deu di luar konteks agama anu tungtungna ngingetan tur  ngajak kana kahadéan, anu ahirna bisa ngajaga kahormatan diri urang sorangan.

Saha Gus MIftah?

Sok maké surjan nyaéta kemeja adat lengkap blangkon Jawa, Gus Miftah gampang dibédakeun  jeung pendakwah séjén di Indonesia.  Lalaki asal Jabung, Lampung Timur kalahiran taun 1981  ieu teh,  sapopoena tampil jeung buuk gondrongna nepi ka taktak.  Salian ti eta tara poho ogé sok mawa tongkat jeung make kacamata hideung.

Nurutkeun nasab, Gus Miftah miboga boga garis keturunan ka-9 langsung ti Kiai Muhammad Ageng Besari, pangadeg Pesantren Tegalsari di Ponorogo, Jawa Timur.  Inyana  geus mingpin Pondok Pesantren Ora Aji di Sleman  jeung jadi pendakwah Talk Show Kebangsaan mangsa nyanghareupan pilpres 2024 kamari  anu disiarkeun langsung ku televisi swasta.

Mata Ber-Vitamin

Gus Miftah di awal karir salaku pendakwah sering kaluar-asup lokalisasi WTS, kleub malam jeung  panti pijat plus-plus.

Kontroversi ieu sabalikna ningkatkeun popularitasna di kalangan kelompok marjinal. Leuwih ti kitu harita  manehna sihoreng  dirojong ku Luthfi bin Yahya ti Pekalongan.

Ngaran Gus Miftah mimiti dipikawanoh waktu video dirina méré pangajian di salah sahiji klub malam di Bali. Tapi saméméhna geus jadi mubalig di musala leutik sabudeureun lokalisasi Pasar Kembang, Yogyakarta. Oge di kleub malam katut alon pleus-pleus.

Polah dakwahna meunang pujian sanajan oge kontroversial. Tapi manehna  boga alesan logis. Cenah, pagawe dunya peuting hésé meunang aksés ilmu agama. Nalika rék ngaji di luar, maranéhna malah jadi bahan omongan. Di tempat gawé ogé teu aya kajian agama anu tiasa dipikawanoh.

Salain ti éta, Gus Miftah ngajawab sahayuna bari jeung  satengah guyon. “Ngajina berpahala, matana bervitamin. Masya Allah,” ceuk  Gus Miftah.

Nagri Para Dermawan

Padagang és anu diledek dijejeleh  ku Gus Miftah meunang simpati ti masarakat.  Kajaba meuang dukungan moral  ti para netizen, oge meunang bantuan finansial. Jumlahna oge nepi ka jutaan. Aya oge nu ngajakan ibadah umroh bareng katut hadiah.

Kanyataan ieu ngabuktikeun  yen Indonesia jadi nagara paling dermawan di dunya. Ngéléhkeun nagara-nagara agama di Éropah  utamana mah  di Eropa hWétan jeung Eropah engah.

Nurutkeun World Giving Index (WGI) 2024 anu dirilis Charities Aid Foundation (CAF), nagara mayoritas pendudukna beragama salila tujuh taun terus-terusan jadi nagara dermawan tingkat pangluhurna, Indonesia aya di peringkat kahiji!

Survei anu dilakukeun taun 2023 ieu ngalibetkeun 145.702 réspondén di 142 nagara jeung wilayah.  Réspondén ngajawab tilu pertanyaan ngeunaan lampah sosial: “Naha anjeun kantos nyumbang duit pikeun amal?;  naha anjeun kantos janten relawan pikeun hiji organisasi?, jeung “naha anjeun kantos ngabantu jalma asing atanapi batur anu teu dipikawanoh anu  memang merlukeun pisan bantuan?”

Rata-rata tanggapan positip diitung pikeun ngahasilkeun skor indéks pikeun unggal nagara. Skor  ngawahan ti angka  0 nepi ka 100 poin. Skor anu  luhur nunjukeun jalma nu loba jeung gede dina perkara mere sumbangan atawa bantuan.

Indonesia di posisi kahiji kalayan skor 74 poin. Taun saméméhna, Indonesia ogé di posisi kahiji kalayan skor 68 poin.

Saliean ti eta, nagara Kenya kalayan 63 poin, naék ti peringkat katilu taun kamari. Singapura naék 19 peringkat ka posisi katilu kalayan 61 poin dina amal jeung kasukarelawan. Uni Emirat Arab anu super sejahtera pendudukna di peringkat handap.

Ana pon skor indéks rata-rata global aya di angka 40 poin, nyaruaan tingkat pangluhurna ti saprak 2021.

Survei taun ieu nunjukkeun yén penduduk dunya tetep nyumbang duit, nyumbang waktu  tur  ngabantu batur sanajan nyanghareupan tantangan ékonomi jeung kamanusaan anu teu aya eureunna.

Kedermawanan jalma di sakuliah dunya kabuktian dina Indéks Pemberian Dunya Charities Aid Foundation (CAF) taun ieu.  Sarta, Indonesia juarana!*

        *Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, pemerhati psikologi dan komunikasi sosial politiik, bermukim di Bandung, Jawa Barat. Catetan Redaksi:Jumaah 6 Desember 2024,  Gus Miftah ngaliwatan video youtube, antukna  ngundurkeun diri tina jabatanana sabage utusan khusus presiden bidang kerukunan beragama jeung pembinaan sarana keagamaan.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *