Kolom Sosial Politik

KDM: Tukang Yutub Jadi Gubernur

0

Ku: Herdiana

Komunikasi digital dina kapamimpinan Dedi Mulyadi Dedi Mulyadi, anu ayeuna ngajabat salaku Gubernur Jawa Barat, katelah salaku pupuhu anu unik lantaran aktip pisan di platform digital, utamana YouTube. Saméméh resmi jadi gubernur, Dedi Mulyadi geus kasohor ku eusi konténna anu medarkeun kahirupan masarakat leutik, budaya Sunda, jeung kritik sosial. Tapi ayeuna, timbul pertanyaan: naha gaya “tukang yutub” ieu masih cocog nalika DEdi MUlyadi  nyangking jabatan gubernur?

YouTube: Strategi Komunikasi Atanapi Citra?
Salah sahiji ciri khas KDM nyaéta cara komunikasina anu informal, akrab, jeung pikaresepeun. Dedi Mulyadi sering midangkeun video anu ngangkat kaayaan masarakat, langsung turun ka lapangan, sarta medarkeun solusi pikeun rupa-rupa masalah sosial. Ku cara ieu, Dedi Mulyadi bisa  ngahontal masarakat leuwih lega bari ngajaga kesan yén manehna  téh “pupuhu rakyat”,  lain  ngan ukur pajabat anu diuk di kantor.
Sanajan kitu, henteu saeutik anu nganggap yén cara ieu leuwih condong ka pencitraan dibandingkeun kebijakan anu konkret. Kritik muncul tina sababaraha pihak anu cumarita yén sanajan kontén YouTube na ramé, éta henteu ngajamin yén kapamimpinanana bakal hasil dina ningkatkeun kahirupan masarakat Jawa Barat.

Kebijakan Gubernur; Efektivitas Atanapi Populisme?
Dina bulan-bulan awal kapamimpinanana, KDM geus  ngaluncurkeun sababaraha kebijakan anu kontroversial, di antarana: ngahapuskeun study tour jeung rapat di hotél, kalayan tujuan cenah ngurangan beban finansial masyarakat jeung pamaréntah.
Larangan murid mawa HP ka sakola, pikeun ningkatkeun disiplin diajar.
Ngabubarkeun Tim Akselerasi Jabar Juara (TAJJ), pikeun efisiensi anggaran.
Sababaraha kebijakan ieu meunang pujian, tapi aya ogé nu ngarasa yén éta masih kénéh simbolis sarta henteu acan ngagambarkeun léngkah strategis pikeun pembangunan Jawa Barat.

Antara Popularitas jeung Kinerja
Salah sahiji hal anu kudu diteuleuman nyaéta naha komunikasi digital KDM bener-bener ngabantu dina palaksanaan kebijakan. Upami komunikasi digitalna dipake  pikeun ningkatkeun partisipasi publik sarta transparansi pamaréntahan, tangtu éta mangrupa inovasi anu hadé. Tapi lamun hal  éta ngan ukur strategi pikeun nguatkeun popularitas tanpa léngkah konkrit di lapangan, éta mah ngan ukur bakal jadi “tebar pesona”.

Kasimpulan
Dedi Mulyadi suksés ngagunakeun YouTube pikeun nyebarkeun visi jeung misina ka masarakat. Tapi salaku gubernur, tangtangan pangpentingna nyaéta ngabuktikeun yén manehna henteu ngan ukur “tukang yutub” tapi ogé pamingpin anu sanggup nyanghareupan tantangan nyata di Jawa Barat. Waktu  anu bakal ngabuktikeun, naha strategi komunikasi digital ieu bakal jadi modal pikeun kamajuan Jawa Barat, atawa  ukur bakal nyésakeun popularitas wungkul. *

 * Herdiana, Sekjen IKA Institut Agama Islam Persis Bandung, alumni S2 Komunikasi Penyiaran Islam (KPI) Pascasarjana UIN Sunan Gunung Djati, paniten pasualan sosial politik jeung budaya Sunda, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *