Ku: Ridhazia
Kaduhung jadi jelema jugala beurat beunghar jeung kawentar teh. Éta pangakuan Jack Ma, nu ngadegkeun perusahaan e-commerce raksasa dunya Alibaba asal Cina, dina hiji sesi World Economic Forum di Davos, Swiss.
Lalaki nu umurna 59 taun ieu ngarasa kacida kaduhungna ngadegkeun perusahaan anu super suksés, sabab nyita waktos pikeun kulawarga.
Dina sababaraha waktu ka tukang, kabejakeun salah sahiji anakna, anu jadi ahli waris karajaan bisnisna, tilar dunya. Anu saurang deui sering geringan. Sedengkeun pamajikanana didiagnosa kanker.
Balik Jadi Guru
Lalaki anu kungsi muncul dina majalah Forbes sarta kadaptar salaku biliuner dunya ieu henteu tedeng aling-aling balaka ngaku ka publik yén manehna hayang pangsiun gancang sarta balik deui jadi guru.
Pikeun Ma, duit lain sagalana. Saencana jadi lalaki pangbeungharna di Tiongkok kalayan aset 36,6 miliar dolar AS, Jack Ma teh ngan jadi guru basa Inggris. Maksud awalna mah ngan ukur hayang ngadegkeun usaha leutik pikeun nyangga kahirupan kulawarga leutikna.
Dina hiji wawancara taun kamari, Ma nyarios yén momen anu paling endah dina kahirupanna nyaéta nalika anjeunna janten guru, kalayan gaji ukur 91 yuan atanapi sakitar Rp 200.000 per bulan.
“Abdi henteu hoyong maot di kantor. Abdi hoyong maot di basisir,” ceuk Ma dina hiji acara bincang-bincang bareng Charlie Rose di Detroit, taun kamari.
Diajar Tina Gagal
Kahirupan Jack Ma henteu mulus. Kasuksésan manehna diwangun tina saderet kagagalan. Ma kungsi gagal di sakola dasar dua kali jeung tilu kali di sakola menengah.
Jack Ma ogé gagal dina ujian asup ka paguron luhur tilu kali. Malahan, Jack Ma pernah ditolak pikeun janten pulisi di nagarana. Sarta, manehna ogé kungsi ditolak digawe di KFC. *
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.
Comments