Ku: Tatang Sumarsono
Nuar cau meunang saturuy
kateuing tadina pelak saha
lumayan tujuh sikat kabéhna
Seuhangna nya bagian kuring
da apan anu boga jasa
manggihan jeung nuarna
Pamajikan boga bagian sasikat
sarua jeung hancengan si cikal
katut si panengah jeung si bungsu
Anu sasikat dipénta ku mitoha
adi beuteung gé sarua ménta bagian
kitu adilna apan kabehna tujuh
Aranjeun mah tong teuing hayang
mending gé jig melak sorangan
sugan aya kénéh sésa tanah sengkéta
26 Oktober 2024
Ngan Kari Puisi
ngan kari puisi, sesemplékan nu nyésa
wadahna katugenah, nyoarakeun rasa
kaadilan pikeun balaréa, sabab panjara
teu weléh ngabibiraan, pantona muka
ngan kari puisi, satia nampa bangbaluh
nasib maranéhna anu remen ngangluh
sanggeus dadana dikampa tepi ka hapa
padahal di ieu nagara apan hakna sarua
ngan kari puisi, dipidalit mangsa bungah
barudak nu kakawihan di buruan, jigrah
aya kénéh kanyaah Gusti, jeung harepan
didawamkeun dina munajat, nyorangan
ngan kari puisi, geterna anu ngaronghéap
kaasih, susuganan ku anjeun bakal dihiap
16 Desember 2019
*Tatang Sumarsono, dosen, jurnalis, caprponis, novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda, dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, dumuk di Bandung, Jawa Barat.
Comments