Ku: Ridhazia
INGET kana iklan “Sudah lupa, tuh!”? Tétéla dina kanyataanana, pikeun jadi jalma nu pinter téh bisa jadi dimimitian ku sipat gampang poho.
Panalungtikan nu dipedalkeun dina jurnal Neuron taun 2017 ngajelaskeun yén poho kana hiji hal dina tingkat nu tangtu téh sabenerna cageur pikeun uteuk.
Malah, bisa ngajadikeun hiji jalma leuwih pinter. Sabab, uteuk dirancang ku Gusti supaya henteu nampung kaleuleuwihan informasi dina waktu nu babarengan.
Riset nu dilakukeun ku Blake Richards jeung Paul Frankland ti University of Toronto, Kanada, ogé ngungkabkeun yén jadi jalma nu gampang poho téh bisa ngarahkeun ingetan kana informasi nu leuwih akurat sarta mantuan nyieun kaputusan nu leuwih wijaksana dina mangsa nu bakal datang.
Pondokna, gampang poho kiwari lain saukur disababkeun ku faktor umur saperti nu salila ieu disangka ku loba jalma.
Sabalikna, éta leuwih patali jeung sabaraha gancang parobahan lingkungan di sabudeureun urang. Hipotesisna nyebutkeun, beuki gancang lingkungan robah, beuki gancang deui uteuk miceun atawa mopohokeun ingetan heubeul.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.


































Comments