SURAT TI PAMACA

Iraha Jatinangor Bebas Macet Jeung Asri?

0

 

Kuring salaku warga Jatinangor Kabupaten Sumedang  nyakseni, ayana sababaraha paguron luhur gedé, saperti Unpad jeung ITB, geus mawa mangpaat anu gedé pikeun warga, utamana dina widang ékonomi. Loba usaha leutik jeung warung tumuwuh lantaran datangna mahasiswa ti rupa-rupa daerah anu cicing jeung diajar di dieu.

Sanajan kitu, kamajuan éta dibarengan ku masalah anyar, nyaéta kamacetan lalu lintas di Jalan Raya Bandung–Sumedang. Unggal isuk jeung soré, arus kendaraan kacida padetna. Kaayaan ieu leuwih parah sabab loba angkutan umum nu eureun sakahayang jeung mobil nu parkir di sisi  jalan, nepi ka ngaganggu lalulintas jeung nyieun jalan beuki sumpeuk.

Salian ti éta, kabersihan ogé masih jadi masalah  di sababaraha tempat. Runtah nu ngumpul di sabudeureun kampus jeung pemukiman mahasiswa sering teu langsung diangkut, nepi ka nyieun pemandangan teu merenah jeung bau nu teu pikaresepeun. Kaayaan ieu tangtu ngurangan kanyamanan warga jeung mahasiswa nu hirup di lingkungan éta.

Ku sabab éta, kuring miharep pamaréntah daerah, aparat lalu lintas, jeung pihak kampus bisa gawé bareng pikeun ngatur lalulintas jeung ningkatkeun kasadaran kabersihan. Mun sakabéhna bisa jalan bareng jeung disiplin, Jatinangor bisa jadi kawasan atikan anu lain ngan kasohor ku kampusna, tapi ogé beresih, tertib, jeung nyaman keur sadayana.

Muhammad Fauzan Al Ghifari
Jalan Raya Bandung Sumedang
Kecatinangor, Kabupaten Sumedang 45360

You may also like

Comments

Comments are closed.