Ku: Ridhazia
NGAREBUT atawa ngarebol deui kapercayaan masarakat umum téh lain pagawean anu gampang. Malah leuwih hésé tibatan nalika ngarebutna.
Lamun balaréa geus henteu nunda kapercayaan, sajatinana geus henteu aya kasempetan anyar pikeun bisa ngulang deui.
Sakumaha ogé geus ngomong sajujur-jujurna jeung satulus-tulusna ka balaréa yén geus tobat tina kasalahan baheula.
Kasalahan tetep waé kasalahan. Sanajan ngagunakeun rétorika anu éndah, pikaresepeun, jeung matak kagum ka balaréa.
Tapi balaréa tetep waé henteu percaya.
Éta sadayana téh réfléksi anu jero ti Présidén Amérika Sarikat ka-16 Abraham Lincoln (1809–1865).*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, ngnjrek di Bandung, Jawa Barat.





































Comments