Ku: Ridhazia
SANAJAN ngan sakali sataun, momen raména marulangna jamaah haji di debarkasi Makassar jeung Asrama Haji Sudiang sok dipiharep-harep ku jalma loba lantaran matak narik perhatian.
Sababna, “tamu Allah” anu anyar waé turun ti Tanah Suci ka Tanah Air sok nembongan siga selebritas papan luhur. Glamor ku pakean anu ngagurilap ditambahan emas ngagulungan leungeun jeung beuheung.
Penampilan nu katingali mewah jeung ekslusif éta tuluy jadi populér jeung disebut haji “blink-blink” — dicokot tina kecap basa Inggris blink — hartina ngagurilap; boronyoy. baranang.
Tradisi Bugis
Tibatan dianggap pamer kaemewahan, ieu téh sabenerna geus jadi tradisi urang Bugis nu dijaga tur dilestarikeun terus-menerus.
Tradisi éta disebut Mappatoppo minangka simbol pangukuhan gelar haji, kalayan jamaah lalaki maké peci atawa sorban, jeung awéwé maké kudung husus nu disebut cipo-cipo.
Tradisi Bugis anu henteu lapuk ku waktu jeung dijaga ti generasi ka generasi téh memang unik. Padahal sadayana éta mah sakadar ekspresi kabagjaan jeung rasa syukur urang Bugis sanggeus mulang ti Tanah Suci. *
* Ridhaziam dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial politik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.




































Comments