Kolom Sosial Politik

Garra Rufa Sensasi Lauk Turki

0

Ku: Ridhazia

GARRA  Rufa anu populér salaku “lauk dokter” asal walungan di Wétan Tengah Kalér sapertos Turki, Suriah, Irak, jeung Iran, tétéla bisa nyieun sensasi getek tapi cageur.

Sahenteuna, ku ngan nyelupkeun suku nepi ka engkeb kana balong atawa kulah, rébuan lauk bakal “ngagegelan” kulit dampal suku. Ceuk béja mah, lauk-lauk leutik éta ngadaharan kulit nu garing.

Siga eksfoliasi alami nu mantuan miceunan sél kulit nu geus paéh. Bisa ogé mantuan ngaleungitkeun kulit nu kandel (kapalan), sarta ngajadikeun dampal suku leuwih lemes.

Malahan, lauk éta ogé bisa ngurangan rasa ateul, flek hideung, jeung tapak tatu dina suku.
Salian ti éta, bisa ningkatkeun peredaran getih. Dina élmu kadokteran, sagala rupa kagiatan relaksasi kitu disebutna terapi ichthyotherapy. *

 * Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *