Ku: Ridhazia
DUNYA leungiteun saurang tokoh Muslim Syiah anu kharismatik, Pamingpin Pangluhurna Républik Islam Iran sakaligus Panglima Angkatan Bersenjata, Ali Hosseini Khamenei.
Anjeunna dikabarkeun pupus sanggeus média pamaréntah Iran ngonfirmasi dina poe Minggu. Pupusna disebutkeun balukar tina serangan rudal gabungan Amerika Serikat jeung Israel anu diluncurkeun dina Saptu, 28 Pébruari 2026.
Paling Lila Nyekel Kakawasaan
Ayatollah Ali Khamenei (1939–2026) ngajabat minangka Pamingpin Pangluhurna Iran ti 4 Juni 1989, sakaligus jadi pamingpin panglila-na di Wétan Tengah dina mangsa kiwari, salila 36 taun.
Ngaliwatan sentralisasi kakawasaan anu ajeg salila opat dasawarsa, kapercayaan ti Ruhollah Khomeini ieu kantos janten anggota Déwan Révolusionér.
Anjeunna ogé kungsi ngajabat minangka présidén dua période ti taun 1981 nepi ka 1989, saméméh ahirna diangkat janten Pamingpin Pangluhurna dina taun 1989.
Dina lalampahan pulitikna anu relatif mulus, anjeunna sababaraha kali jadi target usaha pembunuhan. Taun 1981 sanggeus shalat di Masjid Abuzar, Teheran, sarta taun 1985 sanggeus shalat Jumaah di Universitas Teheran.
Turunan Nabi Muhammad
Numutkeun data ti Wikipédia, Ali Khamenei mangrupakeun turunan ka-38 Nabi Islam Muhammad SAW tina jalur Husaini. Anjeunna ogé kaasup bagian tina kulawarga Ahlul Bait kalayan gelar kahormatan “Sayyid”.
Marja’ Syiah
Ali Khamenei ogé dipikawanoh minangka marja’ Syiah, nyaéta ulama pangluhurna anu miboga otoritas pikeun ngaluarkeun fatwa hukum agama sanggeus Al-Qur’an jeung Imam.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.




































Comments