Ku: Ridhazia
PRESIDEN Amérika Sarikat Donald Trump mindeng dikaitkeun jeung gaya kapamingpinan anu impulsif jeung émosional. Hal éta micu perdebatan serius di kalangan profesional ngeunaan kaséhatan méntalna.
Naha Sang Présidén boga poténsi gangguan jiwa (ODGJ)? Atawa aya sabab séjén, ngingetkeun umurna geus sepuh, 79 taun dina 2026?
Neuropolitik
Dina studi neuropolitik, kawijakan Trump remen dipandang leuwih didorong ku réaksi émosional anu gancang tibatan ku tinimbangan rasional anu laun, utamana dina nyanghareupan ancaman atawa konflik.
Aya dugaan yén éta patali jeung nurunna fungsi kognitif alatan faktor umur. Utamana katingali tina gaya kapamingpinan anu gampang kabawa ku hal séjén (gampang kaganggu perhatian) sarta kontrol émosi anu teu salawasna konsistén.
Dina buku Fire and Fury: Inside the Trump White House karya wartawan Michael Wolff (2018), Trump digambarkeun minangka sosok anu teu sabaran, hésé fokus, remen ngulang-ngulang omongan, sarta nyarita ngalantur teu puguh tungtung-pangkalna.
Trump ogé kungsi diduga ngalaman Alzheimer nepi ka miboga kapribadian narsistis. Anjeunna disebut-sebut kantos “bingung” (befuddled), sahenteuna dina mangsa awal asup ka Gedong Bodas, nalika nyebut kantor kaprésidénan éta minangka “real dump”, anu hartina tempat piceun runtah.
Dibantah Gedong Bodas
Pihak Gedong Bodas nampik sagala spekulasi éta. Nepi ka kiwari teu aya diagnosis klinis resmi anu netepkeun yén présidén ka-45 Amérika Sarikat téh kaasup ODGJ.
Sakabeh gambaran négatif anu sumebar di publik masih kénéh dumasar kana panitén ti luar, ngaliwatan paripolah publikna.
Malahan, Trump sorangan ngécam gambaran goréng ngeunaan dirina. Manehna ngaku dirina minangka “a very stable genius”, nyaéta jalma jenius anu kacida stabilna.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.



































Comments