Ku: Ridhazia
Alhamdulillah, Pak Haji Dada Rosada kagungan rahmat umur panjang. Walikota Bandung (2003-2013) téh ayeuna masih bisa ngarayakeun yuswa ka-78 dina kaayaan séhat lahir batin.
Hiji Hubungan Pribadi
Sacara pribadi, kurig geus wawuh ka Pa Dada teh ti mimiti anjeunna mancen keneh jadi Kepala Bagian Perekonomian (1988-1992). Waktu harita ogé kuring keur tugas salaku wartawan di Pemda Kota Bandung.
Saterusna mah ngabandungan perkara anjeunna téh tina pemberitaan média. Ngaranna siga nu henteu kungsi pareum . Salian ku prestasi, ogé ku kontroversi.
Salaku pagawé nagri anu pensiun dina tanggal 1 Méi 2003, karir Dada Rosada téh kacida nyongcolangna. Sarua ogé waktu anjeunna ancrub ka ka dunya pulitik.
Posisi strategis munggaran nu kacida gengsina nyaéta jadi anggota MPR-RI (1987-1992). Tuluy geuning jadi Walikota Bandung (2003-2013).
Catetan kuring ngeunaan karir anjeunna di PNS téh dimimitian ti lapisan panghandapna. Ti mimiti jadi Kabag Perekonomian (1988-1992), anjeunna naék kana tangga karir nu signifikan. Utamana nalika jadi Kadispenda (1992-1998), tsatuluyna jadi Pembantu Walikota di Bojonagara (1998-2000), tuluy deui diangkat jadi Sekretaris Daerah Kota Bandung (2000-2002).
Kontroversi
Jadi pulitisi téh siga nu nanjak ka gunung nu lungkawing. Pinuh ku tangtangan, sarta kudu siap nampa résiko disoledat atawa tigubrag kalayan disurakan ku balarea.
Lamun henteu, bisa waé nyangsang ku tatu pulitik nu pageuh, hésé cageur. Sarta bisa nyésakeun trauma anu lila.
Kitu ogé ku karir pulitik Dada Rosada saprak tanggal 1 Juli 2013 ditetepkeun ku KPK salaku tersangka patali jeung dugaan suap ka hakim Setyabudi Tedjocahyono. Teras anjeunna diadili sarta dihukum.
Henteu Paéh
Sanajan kasang tukang pulitikna nu kontroversial, ngaran Dada Rosada téh henteu pareum geuning. Anjeunna masih dianggap minangka tokoh, ogé pribadi nu masih sering meunang liputan positip. Ieu pisan beda jeung sababaraha walikota Bandung séjén nu gancang kasilih ku waktu.
Sigana éta téh alatan kapribadian Dada Rosada. Sapanjang kuring wawuh — pangahirna papanggih di GBLA nalika anjeunna masih Walikota — karasa masih sarua jeung waktu munggaran kapanggih jadi Kabag Perekonomian.
Anjeunna masih famiiar, wanh jeung dipiwanoh ku sasaha. Bisa jadi éta sipatna nu ngajadikeun anjeunna tahan dina tsunami pulitik nu kacida rongkahna.
Dina Bingkai Studi Psikologi
Dina kajian psikologi, kapribadian Dada Rosada kaasup kana tipe sosial. Anjeunna leuwih ngutamakeun hubungan hadé jeung sasama sarta resep kana gawé bareng.
Anjeunna ningali masalah tina sisi interaksi antarjalma. Tibatan milih tarung atawa musuhan.
Anjeunna ogé kaasup tipe nu ngudag prestasi (achievement-oriented type) tapi tetep bisa adaptasi jeung resep digawé dina tim.
Beda jeung tipe individualistik nu leuwih fokus kana prestasi pribadi jeung leungitna rasa sosial. *
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.


































Comments