Kolom Sosial Politik

Ceu AI, Sabiwir Hiji

0

Ku: Ronaz

AI singkatan tina artificial intéllegence mangrupa  kacerdasan jieunan jelema tina mesin komputer. Kiwari nétizen teu sirikna geus jadi sabiwir hiji ngobrolkeun kasaktian AI, mun aya tanyakeuneun naon waé, bakal dijawab ku AI.

Sigana AI teh makhluk paling weruh sadurung winarah sagala nyaho alah batan ti embah dukun. Malah anyar kénéh dina whatsapp aya fasilitas AI nu antukna jelma nu kacanduan hape pinter mah mun rék ngajawab sual téh nanya heula ka AI, malah mahasiswa mun dititah méré pertanyaan, malah nanya heula ka AI.

Para nonoman ngalandih mesin ieu ku nyarebut “Ceu AI” sigana kailhaman ku lagu Doel Sumbang nu pernah tenar malah viral nu judulna Ai. Teu saeutik jelma kiwari nu nyekelan hape, ngawangkong téh jeung Ceu AI nu aplikasina loba ngabarak di playstore, aya nu ngarana ChatGPT, Elsa, Replika, Youper, Lensa AI, jeung sajabana.

Nu paling anyar dijieun ku China kawilang pangmurahna jeung ngariweuhkeun ekonomi Amerika, ngarana DeepSeek. Sagala bisa digawéan ku Ceu AI, nepi ka bisa nyieun pantun, gambar malah mah bisaeun ngagambar arstektur keur ngawangun imah, gedong, jeung sajabana. Nya ku gara-gara sagala bisa akhirna para nonoman/ Gen-Z ayeuna, saeutik-eutik teh nanya ka Ceu AI, éstuning pikahariwangeun.

Naon pangna pikahariwangeun? Sabab Ceu AI lalaunan ngarampas pagawéan jelema, nu balukarna loba jelema nu jadi pamalesan. Sok sanajan ku faktor ayana teknologi téh di antarana ngajawab pamalesana jelema. Contona jelma kiwari mun males ka warung bisa daring  (online)  dianteurkeun ka imah, mayarna bisa COD atawa non-tunai ku macem-macem cara aya transfer, e-banking, atawa e-wallét.

Cindekna mah malesna jelma kiwari geus sagala dibantuan ku mesin komputer nu dipelak di handphone. Mun jelema marales bakal ngabalukarkeun kajongjonan malah kangeunahan, poho kana purwadaksina. Padahal jelma teh boga tugas jadi pamingpin di alam marcapada, ngaheuyek dayeuh ngolah nagara.

Allah SWT ngadawuh dina Al-Qur an: “Jeung dina nalika pangéran anjeun ngandika ka para malaikat saenyana Kaula bakal ngajadikeun di alam marcapada pamingpin, maranéhna ngaromong, naha Anjeun bakal di marcapada pamingpin teh nu sok ngaruksak jeung nu sok ngocorkeun getih sedengkeun kuring sadaya ngucap tasbih, muji ka Anjeun oge nyucikeun asma Anjeun. Allah ngadawuh, saenyana Kaula leuwih nyaho tina naon saniskara nu ku maraneh pikanyaho”. (Q.S. Al-Baqarah: 30).

Dumasar kana ayat ieu, tétéla yén jelema teh subjek pikeun ngama’murkeun alam marcapada lain mesin nu ayeuna dimitian ku Ceu AI. Di Jepang geus aya robot nu pinter kacida jadi pelayan restaurant, ngajaga lalulintas di jalan raya ngabantuan polisi, malah cenah geus jadi pasangan hirup loyogna salaki jeung pamajikan.

Kusabab jauh tina bagbagan agama, nagara Jepang ayeuna kakurangan jelema. Sigana mun diantep, lila-lila bakal loba kénéh robot tibatan jelema. Hadirna AI hirup guyub jeung jelema, aya leuwih jeung kurangna.

Leuwihna, bisa mantuan pagawéan jelema tapi kurangna mun teu bisa dikadalikeun bisa leuwih pinter tibatan jelema nu dina mangsana bakal ngajajah ngadalikeun jelema. Kitu poharana jadi gumantung ka AI, nu pikeun urang Sunda asa diingetan deui, tur nurub cupu jeung laguna Kang Doel Sumbang:
Samar rasa, samar polah (sama rasa, samar polah). Teu bisa dipapalérkeun (teu bisa dipapalérkeun). Teu bisa dibébénjokeun (teu bisa dibébénjokeun). Nu aya dina lamunan beurang-peuting ngan ukur Ai. Wallahu a’ lam. *

* Ronaz, alumni S3 Kajian Media dan Agama Pascasarjana UIN Sunan Gunung Djati, aktivis pemberdayaan masyarakat, Ketua Bidang I Pengurus Wilayah Miftahul Anwar (PWMA) Jawa Barat, Ketua Prodi Pengembangan Masyarakat Islam (PMI) Fidkom UIN SGD Bandung, nganjrek di Rancaekek, Kabupaten Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *