Ku: Ridhazia
Kisruh pager laut jeung gas melon anu kajadian di nagara ieu bisa jadi lantaran kabodoan pajabat di nagara urang sorangan. Naha aya kaitan antara kisruh anu pangviral di sakuliah jagat ieu jeung kacerdasan bangsa di nagara urang?
Sagala rupana masih keneh jadi bahan sawalajeung panalungtikan para akademisi pikeun manggihan akar masalahna. Sakaligus katut nengan solusina kudu kumaha.
Skor 78,49. Dumasar kana situs World Population Review, rata-rata IQ bangsa Indonesia masih handap. Rata-rata IQ bangsa Indonesia dina 2024 nyaéta 78,49. Angka ieu handap dibanding rata-rata IQ global anu aya dina kisaran 85 nepi ka 115. Skor IQ ieu nempatkeun bangsa Indonesia di peringkat ka-127 tina 197 nagara anu diuji dina taun 2024.
Naon Ari IQ? Angka rata-rata IQ ieu dicangking tina hasil tés IQ anu dimekarkeun ku Richard Lynn jeung David Backer. Rata-rata IQ manusa anu dianggap calakan aya dina kisaran 85 nepi ka 115.
Dina hal ieu, dianggapan yén beuki luhur skor IQ hiji jalma, beuki calakan éta jalma. Sakaligus jadi ukuran kamampuan nalar hiji jalma dina ngagunakeun informasi jeung logika pikeun nyieun prédiksi jeung kaputusan.
Panghandapna. Skor rata-rata IQ Indonesia ieu panghandapna dibanding sababaraha nagara lianna di Asia Tenggara.
Bangsa Laos waé skor IQ-na nepi ka angka 80,99, Filipina (81,64), Brunei Darussalam (87,58), Thailand (88,87), Vietnam (89,53), Myanmar (91,18), jeung Kamboja (99,75). Sedengkeun bangsa sarumpun Malaysia (87,58).
Bandingkeun jeung IQ bangsa Singapura anu ngahontal skor 105,89, sakaligus jadi nagara kalayan IQ pangluhurna di dunya, saatos Jepang (106,48) jeung Taiwan (106,47).
Aya loba faktor anu nyababkeun IQ hiji jalma handap teuing. Di antarana pangaruh faktor genetik, lingkungan, aksés pendidikan, jeung gizi dina mangsa kamekaran.
Latuluyna, IQ Bangsa Indonesia aya di mana? Upama skor IQ 70–79 dikategorikeun minangka tingkat IQ handap atawa katerbelakangan méntal, 80–90 dianggap tingkat IQ handap anu masih dina kategori normal (Dull Normal), 91–110 tingkat IQ normal atawa rata-rata, sedengkeun 111–120 tingkat IQ luhur.
Jadi, IQ bangsa Indonesia aya di mana? Jeung naha bener bangsa urang kaasup bangsa nu kurang cerdas? Pek weh teuleuman. Apan aya paribasa beda sirah beda panggih jeung pamadegan. *
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, ngantrek di Bandung, Jawa Barat.





































Comments