Ku: Ridhazia
DIWARTAEUN, bom rakitan ngabeledug di masjid SMAN 72 Jakarta. Diduga bom éta dijieun jeung dibeledagkeun ku saurang siswa anu mindeng meunang perundungan (bully) ti babaturan sakolana.
Matak Ginggiapeun
Dina hiji panalungtikan anu ditulis dina Psychology Today ditétélakeun yén perundungan geus jadi momok nu matak ginggiapeun keur para kolot jeung pendidik.
Sabab pangaruh tina kekerasan psikologis saperti intimidasi lisan nepi ka pelecehan jeung panyingkiran sosial téh bisa nyésa salami hirup korban.
Wangun pangaruhna bisa jadi gangguan kahariwang (anxiety disorder) nepi ka déprési beurat. Korban biasana leungit rasa empati, teu boga paripolah prososial, jeung hésé ngarti kana rarasaan batur.
Gangguan kognitif ogé bisa muncul alatan perundungan, salah sahijina nyaéta paranoia — nya éta korban sok salah ngarti kana maksud batur sarta mindeng ngarasa aya musuh dina kaayaan anu sabenerna biasa wungkul.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.


































Comments