Kolom Sosial Politik

Buleudan Leutik Wungkul

0

 

Ku: Ridhazia

NGALEUTIKAN  lingkaran atawa buleudan papada batur téh jadi saran praktis anu asup akal. Ogé kacida réalistisna.

Lingkaran anu leutik pantes pisan dijadikeun tempat tumuwuhna akar kapedulian, lain saukur babaturan kumpul wungkul.

Kalayan jumlah anu kawates, salian ti biasana leuwih pinuh ku perhatian sacara émosional, ogé leuwih museur kana kualitas interaksi patepang langsung anu haneut tur langgeng.

Lingkaran leutik anu raket (intimate social network) ieu ogé dianjurkeun dina milih papada batur di média sosial.

Kabéh éta pantes dipertimbangkeun. Sabab babagi pikiran, rarasaan, jeung pamadegan di média sosial miboga résiko nimbulkeun konflik. Malah bisa kajebak kana kekerasan narasi anu teu aya tungtungna.*

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.