Ku: Ridhazia
PANGADEG Microsoft sakaligus filantropis Bill Gates patepung jeung Présidén Prabowo Subianto di Istana Nagara. Anjeunna ogé masrahkeun dana hibah 159 juta dollar AS ka Indonesia.
Dina kasempetan éta, tokoh pangaruh jeung pangbeungharna di dunya ieu malah ditawarkeun pikeun asup kana Badan Pengelola Investasi (BPI) Danantara.
Saha Bill Gates?
William Henry Gates III, atawa leuwih dipikawanoh ku ngaran Bill Gates, sarua jeung Microsoft – pausahaan nu mingpin révolusi komputer mikro dina taun 1970-an.
Ti pausahaan nu dirintisna éta, lalaki asal Amérika Sarikat nu lahir taun 1955 ieu jadi miliuner pangngora di AS dina taun 1987. Waktu harita, Gates kakara yuswa 31 taun jeung kakayaanana US$1,25 miliar.
Nurutkeun Bloomberg Billionaires Index, kakayaan Gates ngahontal $155 miliar, jeung 1 persenna sarua jeung $1,55 miliar.
Tapi dina taun 2025, manehna teu kaasup deui kana daptar jalma terkaya. Kabeungharana ngan ukur $112,5 miliar USD. Kalangan ku Elon Musk, Jeff Bezos, jeung Mark Zuckerberg.
Padahal kungsi aya beja yén panghasilan Bill Gates sapoé sakitar $10,95 juta — sarua jeung $117 per detik ti saprak taun 2003 jeung cenderung terus ningkat.
70 Taun
Bill Gates geus ngurangan kalibetna di Microsoft. Ayeuna umurna 70 taun. Lahir taun 1955 di Amérika Sarikat. Anjeunna jadi tokoh nu mere inspirasi ku visi jeung wawasan nu jembar.
Ngabedah Dunya
Teu leuwih-leuwih lamun anjeunna kaasup kana 100 jalma pangpangaruhna di abad ka-20 versi majalah Time dina taun 1999 jeung meunang rupa-rupa panghargaan séjén lantaran mampuh ngarobah dunya.
Dermawan
Dina mangsa tuana, anjeunna milih pikeun fokus kana karya kamanusaan ngaliwatan “Gates Foundation”, hiji organisasi amal panggedéna di dunya.
Kagiatan organisasi ieu dibiayaan ku satengah tina sadaya kabeungharanana pikeun nulungan dina widang kaséhatan, atikan, jeung ngurangan kamiskinan.
Teu Tamat Kuliah
Kontroversi ogé kungsi napak dina hirupna sabab anjeunna teu ngaréngsékeun kuliah di Harvard University (1975). Tapi, taun 2007 anjeunna meunang gelar doktor kehormatan ti kampus éta nu kungsi ditinggalkeunna.
Saterusna, taun 2009, anjeunna ogé narima gelar kehormatan husus ti Cambridge University, ogé belasan gelar sarupa ti paguron luhur kawentar séjénna di dunya. *
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.





































Comments