Ku: Ridhazia
AYA spékulasi nu nyaliara yén Tom Lembong dipidana minangka korban mafia jeung kartel gula. Salian ti éta, aya ogé nu nyabitkeun ieu kasus aya kaitanana jeung kongkalikong pulitik pasca Pilpres 2024.
Sabab cenah, kasus impor gula di Indonésia — mun dikonstruksi dina rentang waktu 2015–2023 — geus jadi kawijakan rutin unggal taun. Sahanteuna geus lima kali menteri perdagangan gunta-ganti pikeun ngurus masalah gula.
Thomas Lembong jadi Menteri Perdagangan taun 2015–2016, tuluy digantikeun ku Enggartiasto Lukita (2016–2019), Agus Suparmanto (2019–2020), Muhammad Lutfi (2020–2022), nepi ka Zulkifli Hasan (2022–2024).
Nomor Hiji di Dunya
Dina sajarah produksi gula, masa kejayaan industri gula di Indonésia ngan ukur lumangsung dina mangsa jajahan Walanda, kira-kira taun 1930-an.
Sanggeus Indonésia merdeka taun 1945, industri gula jadi stagnan. Nepi ka ngahontal puncakna dina jaman Orde Baru, utamana sanggeus krisis ékonomi taun 1997.
Numutkeun data ti United States Department of Agriculture, Indonésia disebut minangka nagara importir gula panggedéna di dunya.
Kebutuhan gula nasional sahanteuna ngahontal 7 juta ton per taun, sedengkeun produksi dina negeri mah ngan 2,4 juta ton. Saleuwihna nu 4,6 juta ton téh diimpor ti Thailand, Brasil, Australia, jeung India.
Mafia jeung Kartel
Praktek mafia gula geus katohyan ku Menko Maritim Rizal Ramli (2015–2016). Anjeunna kungsi nyebutkeun ayana “tujuh samurai mafia gula” nu ngalakukeun kagiatan culas di sektor pangan jeung tumuwuhna kartel gula.
Sistem kuota impor jadi celah pikeun tumuwuhna kartel gula nu boga pangaruh gede kana ranté pasok, nepi ka bisa ngamanipulasi harga jeung distribusi gula impor.
DPR ngitung karugian tina impor gula téh kacida gedéna, nepi ka nguras anggaran nagara nepikeun ka Rp3 triliun unggal taun.
Jeung éta duit gedé téh jadi “bancakan” rutin antara para koruptor di kalangan pejabat pamaréntah jeung pengusaha gedé. Sakabehna aya kaitanana jeung mafia jeung kartel gula.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurnalis jeung kolumnis, pemerhati psikologi dan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.





































Comments