Kolom Sosial Politik

Awal Puasa di Indonesia

0

 

Ku: Ridhazia

NANGTUKEUN  awal Ramadan jeung poé Lebaran di Indonesia tétéla teu salawasna kudu sarua atawa saragam.

Sabalikna, bédana éta lain ngabalukarkeun pasalia pamadegan atawa paséa, malah jadi unik sarunik. Hartina kacida unikna, bener-bener istiméwa, atawa béda ti nu séjén, sakumaha abdi nyutat inpormasi tina rupa-rupa rujukan.

Jamaah An-Nadzir

Jamaah An-Nadzir anu basisna di Gowa, Sulawesi Selatan, diidéntifikasi minangka kelompok Islam “non-mainstream”, geus netepkeun 1 Ramadan 1447 Hijriah murag dina Rebo, 18 Pébruari 2026.

Métode anu digunakeun ku jamaah ieu ampir teu ilahar. Pikeun nangtukeun awal puasa, lain ngan ukur ngawas gerak panonpoé jeung bulan, tapi ogé niténan fénoména alam saperti hujan, guludug, angin tarik, jeung pasang surut cai laut.

Jamaah Aboge

Kelompok jamaah Aboge anu diidéntifikasi minangka Islam Kejawen, anu sumebar di Banyumas, Cilacap, jeung Probolinggo, nangtukeun awal puasa jeung poé raya dumasar kana siklus sewindu (8 taun Jawa: Alif, Ha, Jim Awal, Za, Dal, Be, Wawu, Jim Akhir).

Sajaba ti éta, sacara turun-tumurun maranéhna geus ngagunakeun sistem hisab urfi, nyaéta itungan matematis konvensional anu ngan ukur dipikawanoh sacara husus ku tokoh agama tangtu.

Jamaah Tarekat Naqsyabandiyah

Kitu deui jeung kaunikan Jamaah Tarekat Naqsyabandiyah di Sumatera Barat, anu geus netepkeun awal puasa dina Salasa, 17 Pébruari 2026.

Jamaah ieu ngagunakeun métode hisab jeung rukyat sakaligus, ditambahan ku dalil qiyas (kiyas). Ogé ngagunakeun itungan kalénder Hijriah Qomariyah anu pangklasikna jeung geus dipaké ku karuhun sacara turun-tumurun.

Tarekat Syattariyah

Tarekat anu mekar di Sumatera Barat jeung puseurna di Ulakan, Kabupatén Padang Pariaman, ogé netepkeun awal Ramadan dumasar kana hisab jeung rukyat anu teu éléh klasik jeung unikna.

Tradisi turun-tumurun anu miboga suasana sufistik jeung mistis dilakukeun ku pimpinan tarekat ku cara niténan fénoména alam sacara langsung ku panon taranjang ti lokasi Makam Syekh Burhanuddin, Ulakan, Kabupatén Padang Pariaman, Sumatera Barat.

Islam Wiwitan Baduy

Dumasar kana inpormasi adat Suku Baduy, awal puasa anu disebut puasa ritual Kawalu ogé béda.

Puasa ieu dimimitian sacara bareng di Baduy Dalam (Cibeo, Cikartawana, Cikeusik) dina 20 Januari 2026 dumasar kana pananggalan adat tradisional Sunda Wiwitan.

Biasana, Suku Baduy dina nangtukeun awal puasa ngagunakeun patokan kana peredaran bulan jeung ritual turun-tumurun sanggeus panen pare.*

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial politik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.