Ku: Ridhazia
TI saprak Purbaya Yudhi Sadewa dilengserkeun tina kalungguhanana minangka Menteri Keuangan dina 14 Séptémber 2026, rupa-rupa béja ngeunaan dirina patulayah di ruang publik.
Lalaki asal Bogor, putra saurang profesor anu sok resep heureuy éta teh, kalayan santai nyebutkeun rék mulang ka imah jeung nguseup lauk mujair sarta nila di balong tukangeun imahna.
Manehna ogé heureuy, cenah rék nguseup bari ngalamun, mikiran naha dirina nepi ka dipecat ku Présidén Prabowo Subianto.
Milih Pensiun
Ka wartawan, Purbaya negeskeun yén dirina geus teu boga minat deui pikeun balik jadi pejabat publik atawa menteri.
Anjeunna milih pangsiun sarta balik deui ka dunya saham/trading anu geus jadi kaahlianana ti baheula. Kaahlian dina widang saham jeung trading éta geus ngakar kuat ti mimiti anjeunna ngajalankeun karier dina widang riset jeung pasar modal dina awal taun 2000-an.
Puncak Karier di Perusahaan Sekuritas (2006–2008)
Pangalaman praktisna di ékosistem saham beuki asak nalika anjeunna dipercaya jadi Direktur Utama PT Danareksa Securities, salah sahiji perusahaan sekuritas anu kawilang gedé di Indonésia.
Profesor Purbaya
Kadua kolot Purbaya téh profesor di Institut Pertanian Bogor (IPB), sedengkeun Purbaya sorangan ayeuna ogé geus nyandang gelar profesor.
Sacara sajarah, sanggeus ngaréngsékeun studi S2 jeung S3 Ilmu Ékonomi di Purdue University, Amérika Serikat, Purbaya mimiti asup kana industri pasar modal Indonésia. Dina Oktober 2000, manehna ngajabat minangka Senior Economist di Danareksa Research Institute.
Purbaya Yudhi Sadewa ogé meunang gelar Profesor Kehormatan (Honorary Professor) dina widang Ékonomi ti Universitas Nankai, Tiongkok, dina 23 Juni 2026.
Pangajén éta dibikeun langsung ku Réktor Universitas Nankai, Prof. Chen Yulu, di sela-sela kunjungan gawé Purbaya ka Tiongkok.
Sacara akademik, Purbaya dianggap geus méré kontribusi gedé dina mingpin pangaturan keuangan publik, pangwangunan ékonomi, sarta nguatkeun stabilitas séktor keuangan di kawasan Asia Tenggara.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.



































Comments