Kolom Sosial Politik

“Bapa Tiasa Kulem Tibra …”

0

 

Ku: Ridhazia

ÉTA téh pernyataan spontan Yudo Achilles Sadewa, anak bungsu mantan Menteri Keuangan (Menkeu) Purbaya Yudhi Sadewa, sanggeus bapana dicopot tina kalungguhanana ku Présidén Prabowo Subianto.

Dina unggahanana dina média sosial, Yudo ngébréhkeun rasa sukur lantaran ayeuna bapana bisa istirahat jeung saré leuwih tibra, sabab geus leupas tina beban pagawéan anu kudu dilaksanakeun non-stop salaku menteri.

Nurutkeun Yudo, ayeuna bapana bakal balik deui museurkeun diri kana pagawéanana minangka trader, anu panghasilanna gedé tur jauh leuwih pikaresepeun tibatan jadi menteri. Sabab, jadi menteri mah gajina teu sabaraha, tapi kudu nanggung tanggung jawab nagara anu kacida beuratna.

Kulawarga Trader

Profési minangka trader mémang boga patalina anu kuat pisan jeung Purbaya Yudhi Sadewa katut kulawargana.

Malah, Yudo Sadewa ku bapana sok disebut “si budak trader”, lantaran dirina memang saurang investor jeung trader.

Sedengkeun anak cikalna, Yuda Purboyo, anu kuliah di Teknik Mesin Universitas Indonesia, keur ngarintis usaha ngajual lauk nila seger sacara daring. *

     * Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.