Ku: Ridhazia
HASIL imbang antara Dewa United jeung Persib Bandung dina pekan ka-28 BRI Super League 2025/2026 di Stadion Internasional Banten, Senén (20/4/2026) peuting, nyésakeun kontroversi patali jeung kapamingpinan wasit.
Kasusna nalika wasit mutuskeun yén bola teu kaluar (teu out), padahal katingali bola geus ngaliwatan garis lapang saméméh kajadian gol. Sajaba ti éta, aya indikasi handball dina prosés gol séjénna.
Wasit téh Hakim
Wasit téh ibarat hakim di pangadilan. Anjeunna penegak aturan anu dipasrahkeun tugas pikeun mastikeun yén peraturan pertandingan diturut sarta ngajaga kaadilan dina unggal kaputusan.
Azas “in dubio pro reo”
Sanajan pertandingan maén bal henteu sapinuhna kaasup hukum positif, hakekat wasit anu adil dituntut pikeun nerapkeun azas in dubio pro reo.
Azas ieu mangrupakeun prinsip hukum anu nétélakeun yén “lamun aya karaguan dina hiji kajadian, wasit kudu nyokot kaputusan anu henteu ngarugikeun saha waé.”
Ku kecap séjén, unggal karaguan wajib ngarah kana nyingkahan karugian sapihak.
Disaliksik baé!
Pikeun mastikeun dugaan kasalahan wasit Yoko Suprianto dina laga Dewa United vs Persib (2-2), Senén (20/4/2026), diperlukeun panalungtikan ku PSSI salaku induk organisasi maén bal nasional jeung komisi wasit, sangkan mastikeun yén kinerja wasit henteu kajadian deui sarta henteu ngaruksak prinsip fair play.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.


































Comments