Ku: Ridhazia
PERANG jadi bisnis anu kacida nguntungkeunana. Hususna pikeun industri pertahanan militér. Sanajan kitu, perang salawasna jadi “distraksi bahaya” dina jaman modéren.
Salian nyiptakeun paménta produk pakarang, perang ogé muka kontrak logistik pangan, utamana ransum prajurit — kadaharan instan, awét, jeung gizi luhur dina bungkus atawa kaléng.
Kitu deui jeung ubar-ubaran sarta produk farmasi. Pikeun nagara nu keur perang aya adagium yén “ubar-ubaran sarua pentingna jeung amunisi”.
Hartina, pasokan ubar kudu diperlakukeun kalayan tingkat darurat nu sarua jeung amunisi jeung pakarang.
Kauntungan Cina jeung Rusia
Buktina, perang Amérika–Israél ngalawan Iran mawa kauntungan pikeun Rusia jeung Cina. Duanana kaasup panyadia pakarang utama di tingkat global.
Rusia nyayagikeun jet tempur jeung sistem pertahanan canggih. Sedengkeun Cina leuwih museur kana téknologi pangembangan drone jeung rudal balistik.
Aliansi Anti-Barat
Sacara pulitik, konflik di Tanah Persia nguatkeun aliansi anti-Barat. Sakaligus bisa ngurangan dominasi Amérika Sarikat di Wétan Tengah.
Éta hal saluyu jeung kapentingan Cina pikeun ngamajukeun tatanan dunya multipolar minangka stratégi utama pikeun ngageser dominasi Barat.
Sarua jeung Rusia. Salah sahijina nyaéta ngalihkeun perhatian Amérika Sarikat jeung sekutuna tina perang di Ukraina, hususna patali jeung pangalihan rudal pencegat pertahanan udara nalika nyanghareupan Rusia. *
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten pasikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.





































Comments