Kolom Sosial Politik

Jenderal Try Sutrisno Turunan Garut

0

 

Ku: Ridhazia

WAKIL  Présidén ka-6 Républik Indonésia, Try Sutrisno, pupus di Rumah Sakit Pusat Angkatan Darat Gatot Soebroto, Jakarta, Senén (2/3/2026) isuk, dina yuswa 90 taun.

Innalillahi wainnailaihi rojiun.

Try Sutrisno lahir tanggal 15 Nopémber 1935 di Gang Genteng Bandar Lor, Surabaya, Jawa Timur. Garwana, Tuti Sutiawati, saurang guru asal Bandung.

Almarhum putra Subandi, katurunan Garut, Jawa Barat. Bapana digawé jadi patugas médis di Batalyon Angkatan Darat Poncowati minangka supir ambulan.

Sedengkeun indungna, Mardiyah, asal Surabaya, ibu rumah tangga.

Hirup dina kaayaan serba kawates dina mangsa kolonial Walanda, Try Sutrisno kungsi eureun sakola sarta néangan pangupa jiwa ku ngajual roko jeung koran.

Calon Présidén

Try Sutrisno mangrupa figur anu kacida populérna. Loba nu ngira anjeunna bakal ngaganti  Soeharto jadi Présidén Indonésia.

Salian miboga latar tukang militér anu ngajadikeun anjeunna gampang ditarima ku ABRI, Sang Jéndral ogé bisa ditarima ku kalangan Islam di Indonésia, lantaran kungsi dibesarkeun dina lingkungan sakola Islam.

Ti saprak 1998, Try Sutrisno milih nyingkahan hiruk-pikuk pulitik. Anjeunna eluwih hade ngarasakeun mangsa pangsiunna babarengan jeung kulawarga. Tilu di antara anak-mantuna neruskeun karir militér nepi ka darajat jénderal. *

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.