Ku: Ridhazia
LEMBAGA riset ékonomi jeung kawijakan publik CELIOS manggihan yén pamadegan publik nyebutkeun Présidén Prabowo Subianto jeung Wakil Présidén Gibran Rakabuming Raka ngagunakeun pendekatan tata kelola anu sipatna militeristik.
Pamadegan éta jadi paniléan mayoritas masarakat, nyaéta 63 persén. Sedengkeun 24 persén negeskeun teu satuju, sarta 13 persén séjénna ngajawab teu apal.
Survéi ku lembaga riset independen di Indonesia ngalibetkeun 1.338 résponden nu sumebar di sakuliah wewengkon Indonesia.
Naon Éta Tata Kelola Militer?
Dina définisi ilmiah, tata kelola militer téh mangrupa sistem perencanaan, pangelolaan, pangawasan, jeung pangendalian pertahanan nagara anu dilaksanakeun sacara strategis, transparan, sarta akuntabel ku pajabat militer.
Dina kontéks Indonesia kiwari, nu dimaksud tata kelola militer leuwih nyoko kana kawijakan pulitik anu ngalibetkeun perluasan peran militer dina program prioritas pamaréntahan.
Dina nagara démokrasi, sabenerna supremasi sipil anu kuduna ngadalikeun militer. Militer kudu tunduk kana kakawasaan sipil.
Sanajan kaputusan sipil anu ngalangkungan prosés birokrasi mindeng leuwih laun, éta leuwih inklusif sabab dumasar kana aturan hukum (rule of law), lain dumasar kana komando.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.


































Comments