Kolom Sosial Politik

Nasib Guru Honorer Rangkep Jabatan

0

 

Ku: Ridhazia

KAJAKSAAN Tinggi Jawa Timur  ngabedokeun (mengambil alih) penanganan kasus guru honorer anu ngaranna Muhammad Misbahul Huda.

Guru éta anu saméméhna ditetepkeun jadi tersangka lantaran rangkap jabatan minangka pendamping désa, kasusna ahirna distop dibedokeun sanggeus pihak Kejaksaan Tinggi Jawa Timur ngayakeun gelar perkara.

Hal éta ditepikeun ku Kepala Pusat Penerangan Hukum Kejaksaan Agung, Anang Supriatna, waktu dikonfirmasi ku reporter Tirto, Rebo (25/2/2026).

Teu Negatif

Panyetopan perkara dilakukeun lantaran sipat kalakuan anu dianggap ngalawan hukum ku tersangka teu boga harti négatif. Sajaba ti éta, tim panyidik ogé ningali aya kapentingan umum anu kalayanan tina pancén tersangka salaku pendamping désa.

Dilaporkeun, Misbahul mangrupa guru honorer di SDN Brabe 1, Kabupaten Probolinggo, Jawa Timur.  Manehna disebut jadi tersangka lantaran rangkap jabatan minangka PLD.  Manehna ogé disebut ngarugikeun nagara nepi ka Rp118 juta lantaran narima gaji tina dua sumber anu sarua-sarua dibiayaan ku anggaran nagara.

Nasib Kapolres jeung Kajari

Kasus ieu ngagambarkeun yén hukum téh mintul  ka handap. Para Kajari jeung Kapolres siga-sigana diudag  target sarta dipaksa ngalakukeun penegakan hukum ku nyasar kasus-kasus leutik di wilayah padésaan.

Kalayan distop dibedokeunana  kasus guru honorer éta, konsekuensi logisna Kapolres jeung Kajari katut aparatna ogé sabenerna kudu meunang sanksi. Sahenteuna kudu dipariksa sacara étika. *

  *Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.