Kolom Sosial Politik

Fokus Dina Mangsa Kiwari!

0

 

Ku: Ridhazia

PANAKUNGTIK Morgan Housel dina bukuna The Art of Spending Money: Simple Choices for a Happier Life ngedalkeun fakta anyar yén museurkeun diri kana mangsa kiwari wungkul sarta ngarasa cukup ku naon anu dipiboga, geus leuwih ti cukup  pikeun hirup anu suportif.

Ngaliwatan wawancara jeung sajumlah miliarder dunya, panalungtik éta ogé ngabuktikeun yén kabeungharan nu ngaleuwihan wates teu salawasna signifikan ngarobah kahirupan jadi leuwih enteng jeung tenang tumaninah.

Sabalikna, rasa teu kungsi puas kana harta jeung posisi sosial saperti gengsi, gelar, jeung jabatan anu terus-terusan dikejar, malah condong nambahan kahariwang jeung kacemasan atawa tekanan batin nu kateterusan (berkepanjangan).

Mindfulness

Panalungtikan ieu némbongkeun kanyataan yén salawasna aya kaéndahan dina hal-hal biasa anu basajan, tibatan hirup terus kakurung ku kahirupan impian.

Ceuk anjeunna, ngahargaan hal-hal leutik dina kahirupan anu mindeng kaliwat, leuwih ngajangjikeun katenangan tibatan terus néangan hal anu leuwih gedé atawa leuwih hadé anu sabenerna ngan aya dina bayangan.

Singgetna, rasa puas sacara alami anu ngarah kana perhatian pinuh (mindfulness), bareng jeung kamampuh ngahargaan momen “ayeuna kénéh”, jadi rumus pikeun hirup anu leuwih positif jeung suportif.*

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.