Kolom Sosial Politik

Hayu Urang Konflik!

0

 

Ku: Ridhazia

KURING  inget pisan kana fatwa saurang ahli yén hakekat konflik téh nya éta matepungkeun béda-béda individu pikeun milarian kasaluyuan harti (1982: 234).

Hartina, konflik minangka hiji instrumén pikeun ngébréhkeun pasualan atawa paséa, bari dina waktos nu sarua bisa jadi sumber pangalaman anu positip (Stewart & Logan, 1993).

Ku kecap séjén, konflik sabenerna kacida hadéna pikeun parobahan, sabab manusa téh dilahirkeun jeung tumuwuh dina kaayaan anu béda-béda, kalayan sagala kaunikan masing-masing.

Kalawan catetan, konflik téh jadi penting lamun dikelola kalayan hadé: pikeun ngadalikeun diri sorangan, sakaligus daék ngadéngékeun jeung surti kana  sudut pandang batur. *

 * Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial politik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.