Kolom Sosial Politik

Hujan Mawa Berkah

0

 

Ku: Ridhazia

HUJAN  téh mangrupa gambaran kahirupan jeung kasuburan. Ogé mawa berkah kahirupan, katut kalimpahan.

Dina ungkara puitis: “Hujan teu kungsi datang tanpa alesan. Manéhna turun pikeun nyuburkeun, lain pikeun ngancurkeun.”

Teu kaleuleuwihi lamun kecap-kecap ngeunaan hujan mindeng matak karasa nyentuh, pinuh ku harti. Salian ngagambarkeun katenangan jeung karinduan, bisa jadi ogé ngawakilan kasedih, atawa harepan.

Di handap ieu sababaraha kalimah nu ngagambarkeun éta anugrah Gusti kalayan éndah. Yén “unggal tetes hujan téh puisi alam nu teu kungsi béak kecapna.”

Atawa “dina unggal tetes hujan, nyimpen sajuta carita nu teu kaungkab.” Kitu deui kalimah: “Hujan ngajarkeun yén ragrag ogé bisa jadi éndah.” Jeung, “Rintik hujan téh bisikan lemes langit ka bumi nu capé.”

Atawa “Hujan téh rangkulan sepi ti alam.” Bisa ogé ku kalimah sarupa: “Diajar tina hujan: tenang dina ragrag, lemes dina nyabak, sarta kuat dina méré.”*

   * Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten paikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.