Ku: Ridhazia
SANGGEYS nyebut rahayat tolol, Ahmad Sahroni dilengserkeun. Politisi tina Partéy Nasdem éta dieureunkeun tina jabatan Wakil Ketua Komisi III DPR RI.
Posisina anu kakara “Sang Tolol Sedunia” téh ayeuna ngan ukur jadi anggota Komisi I DPR RI. Pergantian dadakan éta mimiti berlaku Jumaah (29/8/2025).
Saméméhna Ahmad Sahroni jadi sorotan sanggeus nyebut rahayat Indonesia tolol lamun ngusulkeun DPR RI dibubarkeun.
Saenyana Kudu Dipecat
Publik nanya-nanya kunaon Ahmad Sahroni ukur dimutasi. Henteu langsung dipecat wé. Manehna dianggap lain deui minangka representasi rahayat anu diwakilan.
Ayeuna, rahayat sakuliah Nusantara ngaharepkeun wakil rahayat séjénna anu ngan ukur jogét-jogét di gedong terhormat sangkan mundur wé, lantaran teu pantes jeung teu boga nurani. Miskin empati.
Wilujeng!*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.





































Comments