Ku: Ridhazia
ALIH-ALIH naékkeun gaji, PNS ukur bisa naékkeun bendera dina perayaan Proklamasi ka-80. Soalnya, teu aya warta bagja ti politisi Partai Gerindra ieu. Padahal saméméhna geus ngadéngé isu yén RI-1 rék naékkeun gaji pagawé nagara.
MBG wé!
Présidén Prabowo sataun ka hareup leuwih milih méré prioritas kana program makan bergizi (MBG) tibatan kana gizi pagawé pamaréntah, tentara, jeung pensiunan.
Anggaran MBG ngahakan 50 persen tina anggaran atikan. Tepatna Rp335 triliun tina RAPBN taun 2026 anu totalna Rp757,8 triliun.
Dana MBG jauh leuwih gedé tibatan anggaran pikeun guru, dosén, jeung tanaga kapendidikan nu ngan Rp178,7 triliun. Bandingkeun sabaraha jauh bédana jeung MBG.
Samalah leuwih gede tibatan anggaran bantuan sakola jeung kampus anu dialokasikeun Rp150,1 triliun.
50% terkuras MBG
Cindekna, MBG nyedot 50 persen tina sakabéh anggaran atikan RAPBN 2026. Sanajan anggaran ieu sabenerna naék 4,63% dibanding taun 2024 anu Rp724,3 triliun, tapi tetep kakeunaan program “makan-makan”. *
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.




































Comments