SundaNews.id (18/6/2025). Dina jaman kiwari, kabutuhan barudak ngora téh henteu ngan saukur tempat keur dahar jeung ngopi wungkul, tapi ogé milari tempat nu tiasa jadi ruang pikeun reureuh, ekspresi diri, jeung silaturahmi. La-Maja Coffee hadir pikeun nyumponankabutuhan éta. Tempat ngopi anyar nu keur beuki dipikaresep ieu perenahna di Jalan RayaCicalengka – Majalaya KM 2, lokasi nu kacida strategisna, sabab ngadeukeutan pisan ka Stasion Kareta Cicalengka.
Keur nu datangna ti luar Bandung ogé henteu kudu hariweueuh mikiran jalan macet atawa jauh-jauh nyetir sorangan. Cukup naék kareta ti Stasion Bandung, turun di Cicalengka, tuluy naék angkot ngan 5 menit, langsung bisa neuleum kana suasana nyaman jeung éndahna La-Maja Coffee. Kombinasi antara aksés nu gampang jeung tempat nu menarik ieu jadi daya tarik tambahan keur sagala lapisan masyarakat.
Salah sahiji hal nu ngajadikeun La-Maja béda jeung nu séjénna nyaéta konsep tempatna nu éstétik jeung asri pisan. Ti mimiti asup, pangunjung geus disambut ku suasana hangat, interior nu modéren tapi teu matak kagok, jeung pencahayaan alami nu ngadukung kanyamanan. Tempatna dibagi kana dua bagian utama, nyaéta ruang indoor jeung semi-outdoor, nu duanana sami-sami estétik, bersih, jeung pinuh ku spot poto nu Instagramable.
La-Maja Coffee henteu saukur mikiran desain, tapi ogé nyayogikeun menu nu kacida merhatikeun rasa jeung harga. Menu minumanna rupa-rupa, ti nu kopi kawas Americano, cappuccino, latte, nepi ka es kopi susu nu kawilang populér di kalangan barudak ngora. Pikeun nu henteu nginum kopi, aya ogé pilihan nu séger kawas mojito buah, es klepon, jeung es kopi Lamaja. Menu dahareunana ogé henteu bisa dianggap enteng – aya rice bowl daging, ayam crispy, pasta, french fries, jeung sajabana. Nu paling pikabitaeun nyaéta “Paket Karyawan”, kombinasi rice bowl jeung es teh ngan ukur Rp25.000 – cocog keur nu hayang irit tapi tetep ngeunah.
“Tempatna deukeut ka stasion, jadi teu kudu susah nyetir atawa macet. Ngan leumpang saeutik ti angkot ogé langsung nepi. Tempatna tenang jeung seger, cocok pisan keur nu hayang kabur sabentar ti kasibukan kota,” saur Astri (23 taun), salah sahiji pangunjung asal Kota Bandung.
Kanyamanan La-Maja henteu eureun nepi ka tempat jeung menu, tapi ogé kawasa ku palayananana nu ramah jeung pendekatan komunitas nu kuat. La-Maja sok ngajadikeun tempatna salaku ruang ekspresi pikeun seniman jeung komunitas lokal. Sering pisan di dieu dilaksanakeun acara open mic, nobar, kajian santai, bazar UMKM, nepika workshop kreatif. Tujuanana henteu saukur dagang, tapi ogé nyiptakeun hubungan sosial nu positif jeung produktif.
Leuwih ti éta, La-Maja ogé narima booking pikeun acara husus, kawas birthday party, bridal shower, acara rapat kantor, reuni, nepika mini wedding atawa akad nikah. Tempatna nu fléksibel jeung setélan interior nu elegan nyieun suasana jadi leuwih sakral jeung berkesan. Pihak kafe siap ngabantu dina setélan tempat, konsumsi, bahkan dekorasi sederhana pikeun nyokong jalanna acara.
Tempat ieu cocog pisan keur sagala kaperluan: nugas, ngayakeun rapat komunitas, diajar kelompok, kumpul kulawarga, ngadamel kontén, atawa sakadar ngopi nyalira bari maca buku. Wi-Fi na kenceng, colokan listrik loba, AC dina ruangan indoor ogé cukup tiis. Suasana semi-outdoor na nyugemakeun, aya pepelakan, bangku kayu, jeung sora alam nu ngajadikeun haté leuwih sareh.
Jam operasional La-Maja Coffee nyaéta ti jam 10 isuk nepi ka 10 peuting, kabuka unggal dinten, kaasup poé libur. Ieu jadwal fléksibel pisan keur nu datang ti pagelengan Bandung, Sumedang, atawa Majalaya. Ieu tempat sering dijadikeun alternatif keur kabur sebentar ti riweuhna kota jeung ngarasakeun suasana anyar nu leuwih haneut jeung ramah.
La-Maja Coffee sanés ukur tempat ngopi. Ieu tempat nyatu rasa, nyambung gagasan, jeung ngalegaan inspirasi. Di antara kopi nu ngeunah, ruang nu nyaman, jeung obrolan nu leuleus, anjeun bakal manggihan kabagjaan leutik nu mungkin keur dipilari sapeuting ieu. Sagalana disayagikeun pikeun anjeun nu hayang rasa nu beda dina unggal seruput jeung unggal patepang. (Lista Amalia/SundaNews)































Comments