Kolom Sosial Politik

Saung Angklung, Destinasi Wisata Budaya Sunda

0

Ku: Ridhazia

UMURNA geus nincak leuwih ti satengah abad, Saung Angklung Udjo nu geus dirintis ti taun 1966 ku seniman angklung Mang Udjo Ngalagena, masih kénéh jadi tujuan wisata nu matak pikabetaheun di Kota Bandung, Jawa Barat.

Lokasina henteu jauh ti Terminal Cicaheum, Kota Bandung. Tempat parkirna lega pisan. Kaasup pikeun bis rombongan ogé cukup. Suasanana raresik pikabetaheun jeung caang ku tangkal, nyiptakeun rasa nyaman. Ngagambarkeun kaayaan lembur Bandung jaman baheula.

Saung Mang Udjo téh lain saukur puseur karajinan jeung bengkel pikeun alat musik bambu tradisional saperti angklung, arumba, calung, jeung sajabana.

Teu ngan éta wungkul, di saung ieu ogé bisa nyaksian langsung pagelaran orkéstra angklung jeung arumba, ogé wayang golek.

Kaulinan Urang Lembur jadi ciri has pagelaran nu henteu éléh pikaresepeun jeung spektakulér. Utamana di ahir acara, para wisatawan bakal diajak langsung pikeun maénkeun angklung babarengan.

Udjo Ecoland

Deukeut Saung Angklung, ayeuna aya agro wisata Udjo Ecoland nu dirarancang minangka wisata alam di lahan lega lima héktar.

Jarak ti saung ka lokasi anyar ieu kira-kira dua kilométer. Waktu tempuhna sakitar 10 menit. Tempat parkirna lega jeung suasanana désa pisan. Di dinya ogé aya kebon awi (bambu).*

 * Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung komunikasi sosial pulitik. nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

 

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *