Kolom Sosial Politik

Tren Anyar: “Quiet Quitting!”

0

Ku: Ridhazia

QUIET  quitting jadi  tren anyar pikeun nolak budaya digawe tohothat atawa dugawe kokomoan . Kaasup masalah tingkat kasatiaanm kasatiaan ka atasan alias juragan, alias boss.

Istilah ieu mimiti muncul di Amérika Sarikat dina taun 2022 pikeun ngajelaskeun kabiasaan gawe saukur cukup atawa minimal pisan.

Di Jepang

Di nagara Matahari Terbit, nu rahayatna kasohor rajin jeung disiplin, ayeuna mimiti ngilu gehgeran t kana fenomena anyar quiet quitting.

Saeutik-saeutik, para pagawé di Jepang leuwih milih digawe pas waktu jeung balik sabisa-gancangna.

Teu Rurusuhan Hayang Promosi

Sawaréh studi nyebutkeun yen quiet quitting geus nyebar ka lolobana nagara modéren di buana Amérika jeung Éropa.

Para pagawé ayeuna geus teu pati kataji ku promosi. Malah teu kabita ku pujian ti atasan. Komo deui mun ukur prospek gaji nu leuwih gede. Kabeh geus henteu jadi prioritas.

Hasil Panalungtikan

Panalungtikan ka 3.000 pagawé yuswa 20 nepi ka 59 taun — nu dilakukeun ku Mynavi Career Research Lab, hiji lembaga panalungtikan padamelan di Tokyo — netelakeun yen tren quiet quitting geus ngahontal kira-kira 45% tina populasi pagawé swasta di dunya.

Studi ti Mynavi ogé nyimpulkeun yen hayang miboga waktu leuwih keur diri sorangan jadi motivasi utama kalolobaan pagawé di mana wae dina jaman anyar quiet quitting ieu. *

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan dan komunikasi sosial pulitik,  nganjrek di  Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *