Kolom Sosial Politik

Djadjang Nurdjaman Balik Deui Ka Persib

0

Ku: Ridhazia

DJADJANG  Nurdjaman, nu leuwih kasohor ku ngaran Djanur, resmi balik deui ka Persib Bandung. Maén bal legendaris era 90-an ieu ayeuna ditunjuk jadi Diréktur Tékhnis Persib.

Mulangna deui ka Persib kawas ngulang deui lalakon romantis antara Djanur jeung klub nu geus jadi bagian penting dina hirupna. Apan Djadjang teh kaasup salah sahiji pamaén jeung palatih nu boga riwayat pangpanjangna jeung Maung Bandung.

Ti Jaman Perserikatan

Nalika masih kénéh aktif jadi pamaén, Djanur kungsi mawa Persib jadi jawara dina Kompetisi Perserikatan taun 1986, 1989-1990, jeung 1993-1994.

Sanajan kungsi ninggalkeun Persib jeung ngalanglang ka klub séjén minangka pamaén jeung pelatih profésional, tungtungna Djadjang NUurdjaman  balik deui ka Persib dina ahir musim BRI Liga 1.

Catetan sajarah ngingetkeun, Djanur aya dina balik dua gelar Liga anu penting pikeun Persib: Divisi Utama 1994–1995. Posisina nalika  Persib ngahontal prestasi puncak teh sabage asisten pelatih. Kitu deui mangsa Liga Super Indonesia 2014 digekar posisina teh sebagai assiten kepala.

Karir kapalatihan Djanur memang rekatif panjang. Nepi ka umurna ayeuna nincak 61 taun ayeuna, komimen Djanur kada dunia sepakbola nu pinuh ku ajen jeung kualitas horeng teu pernah ngececes. Djanur salawasna pinuh sumanget, tigin, loyal.

Kusabab miboga  pangalaman salaku pelatih sertifikat internasionak ti Italia (2016), Djanur ngadegeun Djanur Football Scademy di Bandung. Tah ieu teh mnangka komitmen sarta pangabdian Djanur ka dunia sepak bola nu teu weleh dipikageugeut jeung dipikameumeut ku manehna. Wilujeng sumping Kang Djanur!*

* Ridhazia, dosen senior Fiskom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung. 

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *