Kolom Sosial Politik

Dunya Kaleungitan Profesor McChesney

0

Ku: Ridhazia

DUNYA kaleungitan profesor Jurnalisme, Robert Waterman McChesney (1952 – 2025). Salah sahiji akademisi nu paling kritis di Amérika Sarikat.

Pupusna dina yuswa 72 taun nyésakeun kenangan husus. Wartawan nu tuluy jadi profesor di Jurusan Komunikasi, Universitas Illionis di Urbana-Champaign ieu kawentar minangka salah sahiji akademisi nu boga aliran kritis dina mangsa peralihan abad ka-20 ka abad ka-21.

Karya-karyana nu mindeng nangtang realitas média, jadi rujukan pikeun para nu nyieun kawijakan média di sakuliah dunya.

Salah sahiji karyana kungsi ditarjamahkeun kana basa Indonésia ku Aliansi Jurnalis Independen (1998) kalayan judul Konglomerasi Media dan Ancaman pada Demokrasi (asalna: Corporate Media and the Threat to Democracy, 1997).

Jurnalis Sajati

Sateuacan jadi profesor jeung meunang gelar doktor dina widang komunikasi taun 1989, anjeunna téh praktisi nu ngaliput olahraga keur kantor bérita United Press International (UPI) jeung wartawan musik keur majalah musik rock The Rocket nu diadegleun jeung dikokolakeun ku anjeunna.

Sanggeus jadi akademisi, anjeunna robah jadi tokoh teoritisi komunikasi nu nuturkeun tradisi kritis pikeun nangtang prakték-prakték dominan nu ngahégemoni hiji disiplin élmu.

Tulisan-tulisanana mindeng museur kana industri média di Amérika, kawas nu kungsi dirintis ku Herbert Schiller, Dallas Smythe, atawa Noam Chomsky, nu ogé ngaritik struktur kapamilikan industri média jeung orientasi eusi média nu teuing komérsial jeung sensasional. *

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

 

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *