Kolom Sosial Politik

Tragedi Kamanusaan

0

 

Ku: Ridhazia

TRAGEDI  kamanusaan henteu saukur lahir tina kabencian anu ekstrim, tapi ogé tina cara mikir manusa anu ngan ukur nuturkeun arus. Jalma-jalma tunduk kana otoritas, ngalaksanakeun parentah tanpa aya refleksi atawa pamikiran deui.

Éta jadi refleksi Rocky Gerung dina hiji diskusi publik tanggal 3 Maret 2026 ngeunaan kompléksitas pulitik dunya, hususna perkara konflik jeung perang.

Sajarah geus sababaraha kali méré palajaran yén kajahatan gedé mindeng henteu dimimitian ku niat jahat, tapi ku kedangkalan pamikiran manusa.

Salian ti éta, tragedi kamanusaan ogé bisa kajadian lantaran manusa teu daék jeung teu biasa mikir sacara kritis. Maranéhna henteu deui hayang nanyakeun atawa ngulik deui lampah jeung sistem anu écés-écés kaliru. *

  * Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.