Ku: Ronaz
DUKA kumaha mimitina aya babasan tamiang meulit ka bitis. Nu puguh mah tamiang téh salah sahiji jinis awi leutik, nu sok liar dina gawir, sok dipaké nyieun sumpit, tapi lain sumpit istilah kiwari, hiji alat tina awi leutik keur nyapit emih, nu sok dipaké ku barudak ngora, majarkeun téh ala Korea.
Sumpit nu baheula katelah dijieun tina awi tamiang persis siga sedotan panjang, sanggeus dirarapih jeung dikumbah ogé dipoékeun, puhu na dieusi réba, sajinis leunca leutik geus kitu tengahna dicekelan ku dua leungeun bari diarahkeun ka sasaran, terus ditiup satakerna némbak sasaran, lumayan peureus, mun meneran kana manuk piit sok murag malah nepi ka paéhna. Kadieunakeun sumpit téh sok dieusian ku awi seukeut saukuran harupat atawa ku jarum kasur rarawis bulu hayam, direkayasa jadi sanjata.
Ngala tamiang teu gampang sabab rembet siga nu ngareuy, nu tara biasa mah sok pabeulit kana bitis siga nu meulit, teu saeutik jelma nu tikosewad kabeulit nalika ngala tamiang nepika bararéd. Kusabab eta, kolot baheula ngajadikeun babasan tamiang meulit ka bitis, nu ngabogaan harti malindes ka diri sorangan. Ceuk urang Australia mah disebutna bumerang, sanjata nu sok dibalédogkeun tapi muter balik deui ka nu bogana. Mun can bisa ngaggunakeunana bakal malik nyabet ka nu ngabalédogkeunana.
Cindekna tamiang meulit ka bitis téh, babasan nu ngagambarkeun tabéat jelema, nu nyieun polah atawa sikep, tapi polah éta teh malah ngarugikeun dirina sorangan. Ari sababna bisa rupa-rupa alesan. Kahiji, bisa jadi alatan deleka atawa dolim rék nyilakakeun batur saking ku ngéwa atawa timburu ku nasib alus batur. Ngan kusabab goréng haté jadi nyieun polah deleka, tapi polah na malah malik ka dirina sorangan. Kadua, bisa jadi kusabab kurang jeujeuhan dina delekana nu ngabalukarkeun cilaka ku polah sorangan.
Dina Riwayat nu masyhur, baheula Abu Jahal pernah deleka ngabohong ka Nabi nitah babu na sangkan bebeja ka Nabi yén dirina gering. Maksud Abu Jahal mah rék nyilakakeun Nabi, sabab apal Nabi mah sok ngalongok nu gering komo ieu uwa na. Padahal Abu Jahal nyieun lombang di ruang tamu imahna ditutup ku karpet, hareupana Nabi dina waktu ngalongok tigebrus kana lombang eta. Ku akhlak mulia na kangjeng Nabi diwartosan uwa na gering, enggal angkat maksud bade ngalongok, da Nabi téa dijaga diriksa ku Allah SWT, nalika Nabi badé lebet ka imahna Abu Jahal nu keur pura-pura gering, malaikat Jibril ngabejaan yén dihandapeun karpét aya lombang nu ngahaja dijieun ku Abu Jahal, atuh puguh Nabi ngarandeg teras uih deui. Abu Jahal reuwas ngingali Nabi mulih deui, jol koréjat hudang lumpat ngudag Nabi atuh gebrus asup kana lombang jieunanana. Tah ieu salah sahiji conto polah tamiang meulit ka bitis, malindes ka diri sorangan.
Kiwari loba jelma nu teu mikir, kabéngbat ku judi online (judol), pinjaman online (pinjol), balanja online (bajol), malah nu nulis kalasar jeung pornografi diarantep majarkeun moderasi online, barudak sapopoé diantep nyaroo hapé nepi ka kacanduan, majar téh cenah karunya, ti ditu namah toléransi online.
Sabab kurang jeujeuhan jeung béngbatan akhirna kabongbroy, kajongjonan tur kabita kunu teu paruguh balukarna tamiang meulit ka bitis, cilaka ku polah sorangan. Mun teu online kitu ogé offline, di jalan aya nu ngajalankeun motor jeung mobil siga nu teu make rém ting belesat teu beunang dibéjaan nepi ka hésé kanu rék meuntas jalan.
Nu naék motor teu make helm, majar téh da teu aya polisi, padahal di helm lain keur polisi tapi keur ihtiyar pikeun kasalametan diri. Sangkan tamiang teu meulit ka bitis, leuwih hadé hirup téh, taat aturan jeung nurut mun dibéjaan dina kahadéan, bisi kaduhung di tungtung. Wallahu a’lam. *
*Ronaz, alumni S3 Kajian Media dan Agama Pascasarjana UIN Sunan Gunung Djati, aktivis pemberdayaan masarakat, pembimbing haji jeung umroh, Ketua Bidang I Pengurus Wilayah Miftahul Anwar (PWMA) Jawa Barat, Ketua Prodi Pengembangan Masyarakat Islam (PMI) Fidkom UIN SGD Bandung, nganjrek di Rancaekek, Kabupaten Bandung, Jawa Barat.
Comments