Regional

SKRL, Band Ti Subang Nu Siap Ngajomantara

0
SKRL, band ti Kabupaten Subang Jawa Barat nu siap ngajomantara. (Foto:SundaNews/Istimewa)

SundaNews, 28-11-2024. Band rock asal  Kabupaten Subang, Jawa Barat, nu nyebut dirina SKRL, dina Agustus 2024 nu kamari geus midangkeun atawa ngarilis  hiji mini albeum, minangka mepeling 15 taun kiprah manehna di dunya musik Indonesia. Albeum nu dijejer Metamorfosa sukses diluncurkeun  ku SKRL.

SKRL  kiwari  dikokojoan ku Bony minangka vokalis,Yudi (gitar), Heri (bas), Zaenal (kibor), sarta Ate panabuh bedug Inggris. Grup ieu ngarasa bungah tur reueus sanggeus ngadeg taun 2008 atawa 16 taun ka tukang, geuning kiwari masih miboga keneh kasempetan pikeun manggung tur meunang sukses ku alpukahna albeum Metamorfosa.

Aya lima tembang andelan di mini albeum  Metamorfosa teh, nyaeta  Sahabat Lama, Kamu, Jadi Duda, Hypocrate, sarta Metamorfosa. Bony saparakanca miharep mini albeum ieu bisa nambah sarta mingkin ngaronjatkeun musik rock di lemah cai.

Malah satuluyna, ceuk Bony salaku pupuhu SKRL Band, mini albeum ieu oge bisa ditarima ku para penggemar SKRL sarta pecinta musik di lemah cai, kusabab memang geus lila dipiharep kamunculanana teh. “Lagu-lagu SKRL, alhamdulillah geuning tos seueur diarantosan ku balarea, utamana mah ku para penggemar musik rock,”  ceuk Boy nandeskeun.

Lima tembang dina  mini albeum  eta teh  sajatina ngaberelekeun lalampahan SKRL di dunya musik Indonesia. Munasabah tembang-tembang nu dipidangkeun teh ngabogaan kaitan carita antara lagu nu hiji jeung lagu nu sejenna.

Upamana wae  carita hirup para personelna, perkara  babaturana, oge pangalaman  sapope maranehna dina enggoning neuleuman dunya musik rock. Beh dituna dicaritakeun oge pasualan nu aya patalina jeung  kulawarga, paripolah pamajikan  atawa pasangan hirup, mangsa-mangsa nalika ditaringgalkeun ku babaturan dalit atawa sobat-sobat, sarta  rupa-rupa tarekah pikeun ngarojong parjuangan bangsa Palestina.

Salian ti kitu, dina  platform musik digital Spotify,  lagu-lagu SKRL nu diputer dipidangkeun geus meunang apresisi nu hade ti para penggemar. Buktina wae lagu nu judulna Sahabat Lama geus diputer  (597 kali), Hypocrate (271 kali), Metamorfosa (260 kali), Kamu (241 kal), jeung Jadi Duda (231 kali).

Ieu cirining lagu-lagu SKRL memang geus nyantel dina ati balarea utamana  fans fanatik  musik rock, boh di Jawa Barat boh di provinsi sejenna utamana  di Pulo Jawa. Komo di Kabuaten Subang sorangan mah  geus jadi pacapangan masarakat.  “Insya Allah SKRL bakal terus eksis. Piduana wae,” pungkas Bony.   (SundaNews/Kin Sanubary)

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *