Ku: Ridhazia
DJAMARI Chaniago resmi ngagantikeun Budi Gunawan anu dicopot tina jabatan Menko Polkam dina Senén (8/9/2025).
Teu disangka-sangla — atawa mémang geus didésain minangka sensasi gaya pósmodernisme — saurang purnawirawan jénderal anu dilantik ieu kungsi mecat Prabowo Subianto tina ABRI.
Waktu harita manéhna jadi Sekretaris Déwan Kahormatan Perwira (DKP) babarengan jeung Subagyo Hadisiswoyo, Fachrul Razi, Susilo Bambang Yudhoyono (SBY), Agum Gumelar, Yusuf Kartanegara, jeung Arie J Kumaat.
Tentara berbintang éta nu mutuskeun yén Prabowo kabuktian kalibet dina operasi nyulik sababaraha aktivis taun 1997-1998.
Kapentingan Abadi
Pelantikan ieu siga ngabuktikeun adagium baheula yén dina pulitik “henteu aya sobat jeung lawan nu abadi, anu aya téh ngan kapentingan abadi” masih bisa kajadian di nagri ieu.
Publik siga-sigana kalawan dihaja diajak pikeun ngarasa reuwas. Oge dipaksa pikeun ngarti yén réalitas anu geus didésain ku Istana téh minangka hiji “simulacra”.
Simulacra ngarujuk kana pamanggih yén rasionalitas henteu deui nempel kana kanyataan nu sajati.
Ngan sebatas citra, simbol, atawa modél anu tanpa dasar rujukan nyata, tapi bakal dianggap salaku kanyataan éta sorangan.
Samalah leuwih nyata tibatan kanyataan (hiperrealitas) nepi ka ngaleungitkeun wates antara nu riil jeung nu imajinér. Salinan tanpa aslina.
Naon anu ditawarkeun jeung digagas ku Istana téh kanyataan? Wallahu A’lam Bishawab.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.


































Comments