TIPS

Seni Ngaregepkeun

0

Ku: Endang Sulistiawati

Seni ngaregepkeun teh, nyaeta hiji kaparigelan pikeun méré perhatian sapinuhna ka nu keur nyarita, ngarti kana pesen anu ditepikeun, jeung méré réspon anu luyu. Ieu téh henteu ngan ukur ngadengekeun kecap-kecap wungkul, tapi ogé ngawengku pamahaman kana kontéks, émosi, jeung maksud di satukangeun ucapan.

Lamun batur ngadengekeun kalayan hade, tangtu bakal aya lingkungan nu merenah nu keur nyarita pikeun ngébréhkeun diri. Ieu téh ngawengku ngawangun hubungan anu leuwih jero jeung silih ngahargaan. Ngadengekeun sacara efektif tangtuna oge merlukeun kasabaran, empati, jeung kamampuan pikeun méré respon tea.

Dina unggal kaayaan, seni ngadengekeun bisa jadi alat efektif pikeun mareuman konflik, ngaronjatkeun gawé babarengan, jeung nguatkeun komunikasi. Ku kituna, seni ngaregepkeun baris ngahasilkeun kondisi jeung kualitas proses komunikasi nu lebih onjoy batan nu sasarai. Beh dituna tangtu baris ngaronjatkeun kapabilitas diri urang sorangan salaku komunikator atawa narasumber.

Dina kaligrafi Tiongkok, istilah komunikasi hartina seni ngadengekeun. Aya élémén ceuli pikeun ngadenge, panon pikeun ningali, jeung haté anu paduli pikeun nyimpulkeun. Sadaya élémén nyaeta mangrupa hiji kasatuan nu  sampurna tur henteu bisa dipisahkeun.

Jalma anu mampu ngadengekeun kalayan hadé bakal kawas raja anu bisa ngadalikeun kaayaan. Urang diajar ngaliwatan ngadengekeun jeung bakal leuwih dipikaresep sarta jadi leuwih wijaksana nalika cumarita.

Kasimpulanna nyaéta yén kombinasi antara nu nyarita jeung nu ngadengekeun sifatna dinamis. Nyarita téh cara hiji jalma nunjukeun atawa ngajaga  pamadegan atawa sawangan (perspektif). Sedengkeun ngadengekeun téh prosés pikeun ngarti kana sudut pandang  atawa perspektif batur. Ku kituna, dina komunikasi perlu aya kasaimbangan antara nyarita jeung nu ngadengekeun.

Tah eta  pisan nu disebut komunikasi informatif jeung efektif teh. Apan ceuk para pakar komuniaksi mah, leuwih sulit jadi nu ngaregepkeun batan jadi narasumber nu keur biantara.

* Endang Sulistiawati, mahasiswa S2 Komunikasi Penyiaran Islam (KPI) Pascasarjana UIN Sunan Gunung Djati, nganjrek di Kabupaten Bandung, Jawa Barat.

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *