SELEBRITAS

Satutas 17 Taun Rumah Tangga, Asri Welas Milih Jadi Randa

0

SundaNews (26/12/2024). Sanggeus 17 taun ngawangun rumah tangga tur miboga tilu budak, pasangan artis komedi Asri Welas jeung salakina Galiech Rahardja, antukna sapuk jinek milih hirup pepegatan (cerai). Asri jadi randa, atuh Galiech jadi duda. Proses sidang cere masih lumangsung di Pangadilan Agama Depok,  Jawa Barat. Siftra Pangabean, kuasa hukum Asti Welas negeskeun kadua pihak sapuk cere henteu neruskeun hirup rumah tangga deui. Salian ti eta, hak asuh tilu budakna dibikeun ka Asri Welas. Sedengkeun imah dibikeun ka barudakna nu tilu. Kitu deui waragad hirup unggal bulan oge bakal dicumponan ku Galiech. Ngan perkara waragad pendidikan ka hareup mah can bisa ditangtukeun ayeuna, cenah. Galiech Rahardja oge bebas rek iraha wae jeung di mana wae lamun hayang papanggih jeung budakna. (Foto: SundaNews/KapanLagi.com/Budy Santoso)   

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *