Ku: Ridhazia
PANGAMATAN hilal kiwari henteu deui ukur ngagunakeun teropong. Tapi geus ngamangpaatkeun drone. Langsung ka sisi basisir, atawa ka pucuk gunung, nepi ka wates panalungtikan henteu kahalangan deui.
Téknologi inovatif panganyarna ieu geus diterapkeun ku Uni Emirat Arab (UEA) ti saprak Ramadhan 1446 H (2025 Masehi).
Drone ieu dilengkepan ku téknologi AI anu canggih pikeun nganalisis data gambar sacara real-time.
Métode ieu ngalengkepan rukyatul hilal konvensional dina ngukur posisi bulan supaya leuwih akurat.
Terintegrasi jeung AI
Integrasi drone jeung sistem kacerdasan jieunan (AI) sanggup ngolah data citra jeung data astronomi sacara langsung (real-time) pikeun ngadeteksi hilal.
Drone ngapung dina jangkungna nu geus ditangtukeun pikeun nyingkahan gangguan atmosfir permukaan, sahingga panénjo leuwih écés tibatan ti darat.
Salian ti éta, analisis AI mantuan ngabédakeun hilal tina objék langit séjén atawa gangguan atmosfir.
Ditambah deui, drone miboga téknologi paniténan husus anu sanggup beroperasi dina kaayaan cahaya handap (peuting/sareupna).
Henteu Rapat jeung Seminar
Béda jeung di Indonesia. Bareng jeung pangumuman, aya seminar, buka puasa babarengan, ogé rapat ormas jeung tokoh agama. Bisa waé aya bagéan bingkisan, nepi ka ieu kabiasaan terus dipiara ku alesan tradisi. *
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, panitem psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.


































Comments